Cep Ndud, dumeh mindeng pisan kaalaman ku uing, jadi miluan nambahan nyaa...
>>> [EMAIL PROTECTED] 09/09/08 04:37PM >>> cenah nyablak: 1. sok lakukeun kuma karep ilaing, kajeun batur mah, da lamun kaganggu mah maranehna ge pasti protes. nya dimana maranehna teu protes ku sabab kalakuan arilaing eta, eta mah salah manehna, lain salah ilaing! 2. rupaning wanda protes: - dedeheman - babatukan - panon tingdarelek - noel - neunggeul - kerung (halis jeung halis "paamprok jonghok") - ngajauhan (mun angkotna kosong, mun pinuh?... nya wayahna). - mukakeun jandela salebar-lebarna (riweuh, mun jandelana mugen teu bisa dibuka?... nya wayahna deui we...) - nutupan irung ku tisu atawa tungtung tiung (keur nu dijilbab, mun euweuh? nya kunaon we atuh...ku baju atawa nginjeum heula kanu gigireun) tah diantara lima eta mah, ilaing boga hak nu ampir sagemlengna keur nafsirkeunna naha maranehna protes atawa lain kana kalakuan arilaing. dimana ilaing masih keneh cangcaya, geura tanya ulah nepi ka maranehna kaburu turun tina angkot! tah, ari wanda protes nu disebutkeun saterusna mah ilaing teu sagawayah napsirkeun sorangan, perlu guyub jeung nu lianna: - ngomong - nulis: sagala macem palaturan ti mimiti ti nu jadi adi, anak, kolot, rt, rw, kuwu, tug nepi ka pangeran. ti mimiti nu ngaranna surat keputusan kulkas, peraturan rt, tug nepi ka uu, tap mpr, tungutuna mah di mana gusti geus ngadawuh... 3. tah dimana arilaing geus meunang protes (katugenah) kulantaran kalakuan arilaing. eureunan eta kalakuan, sahenteuna dihareupeun maranehna nu geus ngaluarkeun katugenah. disatukangeunna mah ilaing bebas deui wae, kuma karep ilaing deui. lamun henteu wayahna silaing dicap ku stempel "TEU GABLEG CEDO!"... 4. pepeling ti cenah nu (danget ayeuna mah) panganggeusan: regepkeun pepeling ti nu jadi bapana si amir dina novel nu kakara judulna wungkul ditarjamahkeun kana basa sunda: "tukang ngungudag langlayangan". nu nyebutkeun: ukur hiji pamali nu ku silaing teu meunang dirempak! nyaeta silaing ulah sakali-kali jadi MALING!.... Tapi angger, lamun ka baraya deukeut, babaturan, tamu jeung kanu wawuh, teu tega nyawadna... kalahka mere asbak... kumaha atuh? hehehe... teu puguh... cek cenah..... bari nungguan bedug.... Tah, geus bedug Cep! tapi, di lemburna Kang Gde... heheheh...

