cenah nyablak:

1. sok lakukeun kuma karep ilaing, kajeun batur mah, da lamun kaganggu mah
maranehna ge pasti protes. nya dimana maranehna teu protes ku sabab kalakuan
arilaing eta, eta mah salah manehna, lain salah ilaing!
2. rupaning wanda protes:
- dedeheman
- babatukan
- panon tingdarelek
- noel
- neunggeul
 tah diantara lima eta mah, ilaing boga hak nu ampir sagemlengna keur
nafsirkeunna naha maranehna protes atawa lain kana kalakuan arilaing. dimana
ilaing masih keneh cangcaya, geura tanya ulah nepi ka maranehna kaburu turun
tina angkot! tah, ari wanda protes nu disebutkeun saterusna mah ilaing teu
sagawayah napsirkeun sorangan, perlu guyub jeung nu lianna:
- ngomong
- nulis: sagala macem palaturan ti mimiti ti nu jadi adi, anak, kolot, rt,
rw, kuwu, tug nepi ka pangeran. ti mimiti nu ngaranna surat keputusan
kulkas, peraturan rt, tug nepi ka uu, tap mpr, tungutuna mah di mana gusti
geus ngadawuh...
3. tah dimana arilaing geus meunang protes (katugenah) kulantaran kalakuan
arilaing. eureunan eta kalakuan, sahenteuna dihareupeun maranehna nu geus
ngaluarkeun katugenah. disatukangeunna mah ilaing bebas deui wae, kuma karep
ilaing deui. lamun henteu wayahna silaing dicap ku stempel "TEU GABLEG
CEDO!"...
4. pepeling ti cenah nu (danget ayeuna mah) panganggeusan: regepkeun
pepeling ti nu jadi bapana si amir dina novel nu kakara judulna wungkul
ditarjamahkeun kana basa sunda: "tukang ngungudag langlayangan". nu
nyebutkeun: ukur hiji pamali nu ku silaing teu meunang dirempak! nyaeta
silaing ulah sakali-kali jadi MALING!....

cek cenah..... bari nungguan bedug....

Kirim email ke