Mang Uking sumanget pisan narokan kai tangkal rambutan. 
Teu malire panonpoe anu keur ereng-erengan. 
teu malire kesang anu maseuhan sakujur awakna.
Waktu ditanya "Mang meuni sumanget kitu digawe teh?"
Pokna "Sumanget atuh jang, pan ke mun geus rengse amang bakal meunang
buruhan, lumayan keur meuli beas jeung laukna"
 
Malem minggu Kang Gin Gin sore keneh geus saged.
Make pakean anu perlente.
Buuk diminyakan, disisir beulah tengah.
Make parfum Hugo Boss anu kaambeu ti jarak 500m.
Waktu ditanya "Kang meuni sumanget kita, aya acara naon yeuh?"
Pokna "Eh pan malem minggu ieu teh, Akang rek nepungan si Neneng anak
Pak Camat"
 
Jang Ihin sakola di salah sahiji SMA favorit di Kota Kembang.
Bubaran sakola jam 2 manehna jeung babaturanana langsung indit ka tempat
Bimbel.
Jam 5 bubaran Bimbel, langsung mulang.
Jam 7 saanggeus sholat Isya langsung ngapalkeun palajaran nepi ka jam 10
peuting.
Waktu ditanya "Jang, meuni sumanget kita diajar teh?"
Pokna "supaya lulus UMPTN Kang, mun asup PTN mah pan engkena gampang
neangan gawe teh"
 
Naon anu ngalantarankeun timbulna sumanget?
Geuningan harepan, harepan bakal meunang naon-naon anu dipikahayang.
Tapi naha urang ngalalaworekeun harepan ti Alloh anu jangjina pasti moal
jalir.
Naha urang teu sumanget indit ka masjid pikeun solat subuh berjamaah
padahal balesanana surga.
Naha urang teu soson-soson diajar elmu agama anu ganjaranana surga.
Naha urang teu sumanget hudang tengah peuting pikeun tahajud padahal
Alloh geus ngajangjikeun surga.
Naha ? Padahal kanikmatan surga jauh leuwih gede tibatan sakabeh
kanikmatan anu aya didunya.
 
Disadiakeun istri-istri anu geulisna taya bandinganana, anu tetep
parawan, masih ngora, kulitna mulus, panonna cureuleuk, romantis, pinuh
ku cinta,hade ahlakna, nyeungseung pinareupna.
 
Disadiakeun kadaharan anu nikmatna taya bandinganana. aya daging, aya
buah-buahan. Aya anggur anu teu mantak mabok jeung seungitna siga
kasturi. Piringna tina emas, gelasna oge tina emas. Walunganana tina
susu anu bodas.
 
Disadiakeun karaton pikeun tempat cicingna. pakeanana warna hejo tina
sutra. Geulangna tina emas. Mahkotana pinuh ku inten jeung mutiara.
Kasurna luhur, kandel jeung empuk. dipanna dihias ku inten,emas  jeung
dilapis ku mutiara.
 
Jeung Saestuna kabagjaan nu panggedena pikeun umat manusa nyaeta
kabagjaan mangsa patepung jeung Alloh.

Baraya hayu tingkatkeun sumanget ibadah ka Alloh Subhanahu Wataa'la

(Mangga baca kitabna Ibnu Qayyim : Tamasya ka Surga) 

Kirim email ke