nuhun mang oman, perelean nu sae pisan.
kuring mah asa kaingetan ka film wall-e (film hade, animasi, produksi
pixar, 2008) , lamun ngabayangkeun sawarga jiga kang nana teh. kacaritakeun
dina eta film, bumi geus ditingalkeun ku manusa, gara-gara eleh, kasedekeun
ku runtah (polah sorangan). manusa ngejat ka luar angkasa, darumuk di kapal.
di dinya maranehna diwowoy ku ruparupi kasenangan. dihuapan ku robot-robot.
nepi ka teu gerak pisan, salawasna cicing luhureun korsi males nu bisa bur
ber ka mana-mana... awakna jadi lemah, jiga orok nu karek diajar leumpang.
ahirna manusa-manusa ieu disadarkeun ku wall-e (robot kolot purah mulung
runtah nu katingaleun di bumi), yen hirup kitu teh goreng. komo sanggeus
robot nu salila ieu jadi pengatur hirup maranehna (manusa) ngalakukeun
hianat. ahirna sanggeus sadar, manusa-manusa luar angkasa baralik deui ka
bumi. mawa harepan anyar nu digambarkeun mangrupa hiji bibit tatangkalan...
On Fri, Sep 12, 2008 at 10:24 AM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>wrote:
> Ua Duq, tos rada filosofis tah patarosan teh. Hiji hal anu ngan bisa
> dijawab ku akal anu wening. Tangtu wae akal oge dipandu ku wahyu,
> atawa silih lengkepan, sabab aya hiji katerangan anu netelakeun yen
> manusa gelar ka dunya dipandu ku dua wahyu.
>
> Wahyu nu kahiji nyaeta akal anu wening anu geus inheren (dipelak)
> nalika manusa disiapkeun di jero kandungan indungna. Wahyu anu kadua
> nya wahyu anu dicandak ku para Nabi tea (dina kasus Islam nya wahyu
> anu dicandak ku Kangjeng Nabi Muhammad saw sareng teu aya deui wahyu
> anu saperti kitu di luar eta).
>
> Jadi, patarosan dasarna ti ua Duq mun dirumuskeun deui kl kieu: naha
> sawarga teh keur libur panjang alias selama-lamanya? atuh boring lamun
> kitu mah. Sabab, ari kanikmatan model anu kabayang ku urang ayeuna mah
> tangtu pikaboseneun akhirna. Tapi, ulah salempang, ayat Al Qur'an
> jeung Al Hadist nuduhkeun yen di sawarga teh:
>
> 1) aya kanikmatan anu ni'matna moal bisa disaruakeun jeung kanikmatan
> naon wae anu bisa dibayangkeun ku manusa di alam dunya;
> 2) dina Al Qur'an surat Al Kahfi ayat 107-108 (QS 18 : 107-108)
> dijelaskeun yen surga teh hiji tempat anu teu pikaboseneun ("la
> yabghuuna 'anhaa hiwala" = jeung maranehna (para penghuni surga) teu
> harayangeun saeutik oge pindah ti eta patempatan/surga)
>
> Tah lamun arek dietruskeun ieu mah, tugas akal nyaeta neangan atawa
> ngajelaskeun kunaon numatak pikabetaheun? naon dasarna? Naha di ditu
> oge - sagigireun aya anu langsung ka sawarga aya oga anu nyorang
> proses-proses naek darajat (tina naraka ka surga, tina surga kahiji
> ka surga anu leuwih luhur, jst) Wallohu'alam.
>
> Pikeun hal eta, da akal mah keukeuh sok tatanya, aya hiji clue atawa
> kunci, nyaeta pendekatan CINTA. Geuningan, ceuk kolot, ceuk para
> sastrawan jeung pangalaman ti anu geus ngalaman, waktu keur anu silih
> pikacintan mah geus teu aya deui, alias dina cinta teu aya ukuran
> waktu. Ceuk the bee gees tea mah "in love there is no measure of
> time". Jadi, ku ayana cinta, moal aya bosen. Eta keur cinta ukuran
> papada makhluk. Komo anu kapanggih ku cinta anu kahontal ti makhluk ka
> kholikna atawa/jeung patarema jeung cinta ti Kholik ka makhluk-Na.
> Pamugi urang sadaya ginuluran cinta model kitu.
>
> Upama alim wae mikiran anu kararitu da rieut tea, mangga anggo jurus
> iman wae. Yen di surga teh aya aya kanikmatan anu ni'matna moal bisa
> disaruakeun jeung kanikmatan naon wae anu bisa dibayangkeun ku manusa
> di alam dunya. Jeung, yen surga teh hiji tempat anu henteu atawa moal
> pikaboseneun.
>
> Luyu sareng jejer ieu postingan, sumanget anu mawa harepan, nya eta
> teh taya lian ti cinta karana Alloh tea. Di bulan ramadhan ieu hayu
> urang silih tingkatkeun kacinta karana Alloh ka sasama, oge mikacinta
> ka jungjunan urang sadaya kangjeng Nabi Muhammad saw salaku utusaNa.
> Kucara kitu, mudah-mudahan cinta urang ka Gusti Alloh anu murbeng alam
> ngaronjat tur urang tambih dipikacinta ku Anjeun-Na. Amin.
>
> Cag.
>
> manAR
>
> catetan:
> punten, reply ieu ku sikuring dikintun oge ka milist sanesna.
>
>
> On Fri, Sep 12, 2008 at 10:03 AM, ua duq <[EMAIL
> PROTECTED]<dudi.herlianto%40gmail.com>>
> wrote:
> > kuring mah sok mikir kieu:
> >
> > sawarga i
> >
> > geus aya nu pernah
> > ngabayangkeun kitu
> > kumaha bosenna hirup di dinya?
> >
> > -- nu kabayang ku kuring, lamun ngabayangkeun sawarga model nu
> disebutkeun
> > ku kang nana. pangeusi sawarga geus lain deui manusa (nu sampurna).
> >
> > d
> >
> > On Fri, Sep 12, 2008 at 6:54 AM, Sumarna, Nana <[EMAIL
> > PROTECTED]<nsumarna%40arutmin.com>>
> wrote:
> >>
> >> Naha urang teu soson-soson diajar elmu agama anu ganjaranana surga.
> >> Naha urang teu sumanget hudang tengah peuting pikeun tahajud padahal
> Alloh
> >> geus ngajangjikeun surga.
> >> Naha ? Padahal kanikmatan surga jauh leuwih gede tibatan sakabeh
> >> kanikmatan anu aya didunya.
> >>
> >> Disadiakeun istri-istri anu geulisna taya bandinganana, anu tetep
> parawan,
> >> masih ngora, kulitna mulus, panonna cureuleuk, romantis, pinuh ku
> cinta,hade
> >> ahlakna, nyeungseung pinareupna.
> >>
> >> Disadiakeun kadaharan anu nikmatna taya bandinganana. aya daging, aya
> >> buah-buahan. Aya anggur anu teu mantak mabok jeung seungitna siga
> kasturi.
> >> Piringna tina emas, gelasna oge tina emas. Walunganana tina susu anu
> bodas.
> >>
> >> Disadiakeun karaton pikeun tempat cicingna. pakeanana warna hejo tina
> >> sutra. Geulangna tina emas. Mahkotana pinuh ku inten jeung mutiara.
> Kasurna
> >> luhur, kandel jeung empuk. dipanna dihias ku inten,emas jeung dilapis ku
> >> mutiara.
> >>
> >> ._,___
> >
> >
> > --
> > d-: dudi herlianto :-b
> > ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
> >
> >
> Messages in this topic
> <http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/23531;_ylc=X3oDMTM2ZTczZGc3BF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BG1zZ0lkAzIzNTMxBHNlYwNmdHIEc2xrA3Z0cGMEc3RpbWUDMTIyMTE4OTg0OQR0cGNJZAMyMzUzMQ-->(
> 1) Reply (via web post)
> <http://groups.yahoo.com/group/kisunda/post;_ylc=X3oDMTJxM3VqdXJmBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BG1zZ0lkAzIzNTMxBHNlYwNmdHIEc2xrA3JwbHkEc3RpbWUDMTIyMTE4OTg0OQ--?act=reply&messageNum=23531>|
> Start
> a new topic
> <http://groups.yahoo.com/group/kisunda/post;_ylc=X3oDMTJlZDNoaGszBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BHNlYwNmdHIEc2xrA250cGMEc3RpbWUDMTIyMTE4OTg0OQ-->
>
> Mess<http://groups.yahoo.com/group/kisunda/messages;_ylc=X3oDMTJlNHFjYXBvBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzI2MzYzNjkEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MTcxNDY0BHNlYwNmdHIEc2xrA21zZ3MEc3RpbWUDMTIyMTE4OTg0OQ-->
> ._,___
>
--
d-: dudi herlianto :-b
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~