Ua Duq, tos rada filosofis tah patarosan teh. Hiji hal anu ngan bisa
dijawab ku akal anu wening. Tangtu wae akal oge dipandu ku wahyu,
atawa silih lengkepan, sabab aya hiji katerangan anu netelakeun yen
manusa gelar ka dunya dipandu ku dua wahyu.

Wahyu nu kahiji nyaeta akal anu wening anu geus inheren (dipelak)
nalika manusa disiapkeun di jero kandungan indungna. Wahyu anu kadua
nya wahyu anu dicandak ku para Nabi tea (dina kasus Islam nya wahyu
anu dicandak ku Kangjeng Nabi Muhammad saw sareng teu aya deui wahyu
anu saperti kitu di luar eta).

Jadi, patarosan dasarna ti ua Duq mun dirumuskeun deui kl kieu: naha
sawarga teh keur libur panjang alias selama-lamanya? atuh boring lamun
kitu mah. Sabab, ari kanikmatan model anu kabayang ku urang ayeuna mah
tangtu pikaboseneun akhirna. Tapi, ulah salempang, ayat Al Qur'an
jeung Al Hadist nuduhkeun yen di sawarga teh:

1) aya kanikmatan anu ni'matna moal bisa disaruakeun jeung kanikmatan
naon wae anu bisa dibayangkeun ku manusa di alam dunya;
2) dina Al Qur'an surat Al Kahfi ayat 107-108 (QS 18 : 107-108)
dijelaskeun yen surga teh hiji tempat anu teu pikaboseneun ("la
yabghuuna 'anhaa hiwala" = jeung maranehna (para penghuni surga) teu
harayangeun saeutik oge pindah ti eta patempatan/surga)

Tah lamun arek dietruskeun ieu mah, tugas akal nyaeta neangan atawa
ngajelaskeun kunaon numatak pikabetaheun? naon dasarna? Naha di ditu
oge - sagigireun aya anu langsung ka sawarga aya oga anu nyorang
proses-proses naek darajat (tina naraka ka  surga, tina surga  kahiji
ka surga anu leuwih luhur, jst) Wallohu'alam.

Pikeun hal eta, da akal mah keukeuh sok tatanya, aya hiji clue atawa
kunci, nyaeta pendekatan CINTA. Geuningan, ceuk kolot, ceuk para
sastrawan jeung pangalaman ti anu geus ngalaman, waktu keur anu silih
pikacintan mah geus teu aya deui, alias dina cinta teu aya ukuran
waktu. Ceuk the bee gees tea mah "in love there is no measure of
time". Jadi, ku ayana cinta, moal aya bosen. Eta keur cinta ukuran
papada makhluk. Komo anu kapanggih ku cinta anu kahontal ti makhluk ka
kholikna atawa/jeung patarema jeung cinta ti Kholik ka makhluk-Na.
Pamugi urang sadaya ginuluran cinta model kitu.

Upama alim wae mikiran anu kararitu da rieut tea, mangga anggo jurus
iman wae. Yen di surga teh aya aya kanikmatan anu ni'matna moal bisa
disaruakeun jeung kanikmatan naon wae anu bisa dibayangkeun ku manusa
di alam dunya. Jeung, yen surga teh hiji tempat anu henteu atawa moal
pikaboseneun.

Luyu sareng jejer ieu postingan, sumanget anu mawa harepan, nya eta
teh taya lian ti cinta karana Alloh tea. Di bulan ramadhan ieu hayu
urang silih tingkatkeun kacinta karana Alloh ka sasama, oge mikacinta
ka jungjunan urang sadaya kangjeng Nabi Muhammad saw salaku utusaNa.
Kucara kitu, mudah-mudahan cinta urang ka Gusti Alloh anu murbeng alam
ngaronjat tur urang tambih dipikacinta ku Anjeun-Na. Amin.

Cag.

manAR

catetan:
punten, reply ieu ku sikuring dikintun oge ka milist sanesna.

On Fri, Sep 12, 2008 at 10:03 AM, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> kuring mah sok mikir kieu:
>
> sawarga i
>
> geus aya nu pernah
> ngabayangkeun kitu
> kumaha bosenna hirup di dinya?
>
> -- nu kabayang ku kuring, lamun ngabayangkeun sawarga model nu disebutkeun
> ku kang nana. pangeusi sawarga geus lain deui manusa (nu sampurna).
>
> d
>
> On Fri, Sep 12, 2008 at 6:54 AM, Sumarna, Nana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> Naha urang teu soson-soson diajar elmu agama anu ganjaranana surga.
>> Naha urang teu sumanget hudang tengah peuting pikeun tahajud padahal Alloh
>> geus ngajangjikeun surga.
>> Naha ? Padahal kanikmatan surga jauh leuwih gede tibatan sakabeh
>> kanikmatan anu aya didunya.
>>
>> Disadiakeun istri-istri anu geulisna taya bandinganana, anu tetep parawan,
>> masih ngora, kulitna mulus, panonna cureuleuk, romantis, pinuh ku cinta,hade
>> ahlakna, nyeungseung pinareupna.
>>
>> Disadiakeun kadaharan anu nikmatna taya bandinganana. aya daging, aya
>> buah-buahan. Aya anggur anu teu mantak mabok jeung seungitna siga kasturi.
>> Piringna tina emas, gelasna oge tina emas. Walunganana tina susu anu bodas.
>>
>> Disadiakeun karaton pikeun tempat cicingna. pakeanana warna hejo tina
>> sutra. Geulangna tina emas. Mahkotana pinuh ku inten jeung mutiara. Kasurna
>> luhur, kandel jeung empuk. dipanna dihias ku inten,emas  jeung dilapis ku
>> mutiara.
>>
>> ._,___
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-b
> ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
>
> 

Kirim email ke