Abdullah bin Umar radhiallohuanhu ngariwayatkeun yen Rosululloh
shallallohu 'alaihi wa sallam geus ngawajibkeun Zakat fithri ku sa sha'
kurma atawa gandum ti satiap jalma muslim boh merdeka atawa budak, boh
lalaki atawa awewe,boh leutik atawa gede (HR Bukhari & Muslim)
Diriwayatkeun ti Abu Said al Khudri radhiallohuanhu "Kami mere zakat
fitri di zaman Nabi shallallohu 'alaihi wa sallam ku sa sha' kadaharan,
atawa sa sha' kurma atawa gandum atawa anggur nu geus garing, dina hiji
riwayat sa sha' keju.
Sa sha' sarua jeung 2.5 kg.
"Halah, ribet lah zakat make kadaharan mah. mun sakulawarga aya 10 urang
atuh meuereun kudu ngagagandol beas 25 kg. mendingan ku duit. babari
mawana. Jaba mun ku duitmah leuwih mangpaat pikeun nu dibere zakat. Bisa
digunakeun saluyu jeung kabutuhanan fakir miskin"
"Haree geneee zakat make beas!! Ayeuna mah geus jaman modern atuh, mun
bisa zakat fitrah teh tinggal transfer pake atm, phone banking atawa
internet banking"
Di waktu zakat ieu di syariatkeun, di tengah umat Islam di madinah geus
aya duit anu mangrupa dinar jeung dirham. Tapi euweuh riwayat anu
nyebutkeun yen Rosululloh shallallohu 'alaihi wa sallam pernah zakat
ngagunakeun duit. pon kitu deui para Sahabat anu paling paham ngeunaan
sunnah Nabi Shallallahu 'alaihi wa sallam jeung paling sumanget dina
ngamalkeun sunnah teu pernah diriwayatkeun zakat fitri ngagunakeun duit.
Tangtu aya hikmah na yen Rosululloh shallallohu 'alaihi wa sallam
ngasyariatkeun zakat ngagunakeun kadaharan tinimbang duit.
"Saestuna aya conto anu hade tina diri Rosululloh pikeun maraneh" (Al
Ahzab 21)