upami Qurban..kedah ku onta sareng gibas ?
----- Original Message -----
From: Dadi Kurniadi
To: [email protected]
Sent: Saturday, September 13, 2008 9:04 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Zakat fitri: Ku kadaharan atawa ku duit?
Leres pisan kang...
Hari gini syariat teh tos loba nu di belokeun, short cut tea, embung
riweuh...
Padahal lamun nyaho hukumna yen nu ngalakukeun amalan nu teu aya
perintahna atawa contona ti rosulullah, ibarat debu nu ditiupkeun, euweuh
hasilna...alias sia-sia. Bahkan anu sok nyoba2 nyieun syariat sorangan di
jentrekeun tempat na oge apanan di....hiiii sieun..
Cukupkeun amal ibadah mah, mun aya contona atawa diparentahkeun ti
rosul: laksanakeun mun teu aya tong dilakukeun, meni simple nya aturan Islam
mah...
Termasuk Zakat fitrah, beda jeung Zakat mal, cenah ceuk rosul cara
mayarna kudu ku kadaharan, nya urang mah tinggal turutkeun we hukum na naon
hesena....
Cenah hese ngadistribusikeun na....jawaban na mah, pami panitia teu
sanggup ngalakukeun syariat, tong jadi amil ka dosa-dosa.
Perhatian-kanu sok janten panitia Zakat araranjeun teh bade nuhunkeun
rido Allah, jeung amal nu dipikasuhun. peupeujeuh tanjeurkeun Sunnah ti Kiwari.
Wassalam
--- On Fri, 9/12/08, Sumarna, Nana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Sumarna, Nana <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] Zakat fitri: Ku kadaharan atawa ku duit?
To: [email protected]
Date: Friday, September 12, 2008, 9:15 PM
Abdullah bin Umar radhiallohuanhu ngariwayatkeun yen Rosululloh
shallallohu 'alaihi wa sallam geus ngawajibkeun Zakat fithri ku sa sha' kurma
atawa gandum ti satiap jalma muslim boh merdeka atawa budak, boh lalaki atawa
awewe,boh leutik atawa gede (HR Bukhari & Muslim)
Diriwayatkeun ti Abu Said al Khudri radhiallohuanhu "Kami mere zakat
fitri di zaman Nabi shallallohu 'alaihi wa sallam ku sa sha' kadaharan, atawa
sa sha' kurma atawa gandum atawa anggur nu geus garing, dina hiji riwayat sa
sha' keju.
Sa sha' sarua jeung 2.5 kg.
"Halah, ribet lah zakat make kadaharan mah. mun sakulawarga aya 10
urang atuh meuereun kudu ngagagandol beas 25 kg. mendingan ku duit. babari
mawana. Jaba mun ku duitmah leuwih mangpaat pikeun nu dibere zakat. Bisa
digunakeun saluyu jeung kabutuhanan fakir miskin"
"Haree geneee zakat make beas!! Ayeuna mah geus jaman modern atuh,
mun bisa zakat fitrah teh tinggal transfer pake atm, phone banking atawa
internet banking"
Di waktu zakat ieu di syariatkeun, di tengah umat Islam di madinah
geus aya duit anu mangrupa dinar jeung dirham. Tapi euweuh riwayat anu
nyebutkeun yen Rosululloh shallallohu 'alaihi wa sallam pernah zakat
ngagunakeun duit. pon kitu deui para Sahabat anu paling paham ngeunaan sunnah
Nabi Shallallahu 'alaihi wa sallam jeung paling sumanget dina ngamalkeun sunnah
teu pernah diriwayatkeun zakat fitri ngagunakeun duit.
Tangtu aya hikmah na yen Rosululloh shallallohu 'alaihi wa sallam
ngasyariatkeun zakat ngagunakeun kadaharan tinimbang duit.
"Saestuna aya conto anu hade tina diri Rosululloh pikeun maraneh" (Al
Ahzab 21)
*****************************************
Flexi-Gratis bicara sepanjang waktu se-Jawa Barat,
Banten dan DKI Jakarta.
Speedy-Gratis Internetan unlimited dari Pkl. 20.00
s/d 8.00 se-Jabodetabek, Banten, Karawang dan
Purwakarta.
*****************************************
*****************************************
Flexi-Gratis bicara sepanjang waktu se-Jawa Barat,
Banten dan DKI Jakarta.
Speedy-Gratis Internetan unlimited dari Pkl. 20.00
s/d 8.00 se- Jabodetabek, Banten, Karawang dan
Purwakarta
*****************************************