atuh da hese kang neangan korma atawa gandum mah ,
 ku beas bisi teu meunang da euweuh contona zakat ku beas

On Sat, Sep 13, 2008 at 9:04 AM, Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]>wrote:

>   Leres pisan kang...
> Hari gini syariat teh tos loba nu di belokeun, short cut tea, embung
> riweuh...
> Padahal lamun nyaho hukumna yen nu ngalakukeun amalan nu teu aya perintahna
> atawa contona ti rosulullah, ibarat debu nu ditiupkeun, euweuh
> hasilna...alias sia-sia. Bahkan anu sok nyoba2 nyieun syariat sorangan di
> jentrekeun tempat na oge apanan di....hiiii sieun..
> Cukupkeun amal ibadah mah, mun aya contona atawa diparentahkeun ti rosul:
> laksanakeun mun teu aya tong dilakukeun, meni simple nya aturan Islam mah...
> Termasuk Zakat fitrah, beda jeung Zakat mal, cenah ceuk rosul cara mayarna
> kudu ku kadaharan, nya urang mah tinggal turutkeun we hukum na naon
> hesena....
> Cenah hese ngadistribusikeun na....jawaban na mah, pami panitia teu sanggup
> ngalakukeun syariat, tong jadi amil ka dosa-dosa.
>
> Perhatian-kanu sok janten panitia Zakat araranjeun teh bade nuhunkeun rido
> Allah, jeung amal nu dipikasuhun. peupeujeuh tanjeurkeun Sunnah ti Kiwari.
> Wassalam
>
> --- On *Fri, 9/12/08, Sumarna, Nana <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> From: Sumarna, Nana <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: [Urang Sunda] Zakat fitri: Ku kadaharan atawa ku duit?
> To: [email protected]
> Date: Friday, September 12, 2008, 9:15 PM
>
>   Abdullah bin Umar radhiallohuanhu ngariwayatkeun yen Rosululloh
> shallallohu 'alaihi wa sallam geus ngawajibkeun Zakat fithri ku sa sha'
> kurma atawa gandum ti satiap jalma muslim boh merdeka atawa budak, boh lalaki
> atawa awewe,boh leutik atawa gede (HR Bukhari & Muslim)
>
> Diriwayatkeun ti Abu Said al Khudri radhiallohuanhu "Kami mere zakat fitri
> di zaman  Nabi shallallohu 'alaihi wa sallam ku sa sha' kadaharan, atawa sa
> sha' kurma atawa gandum atawa anggur nu geus garing, dina hiji riwayat sa
> sha' keju.
>
> Sa sha' sarua jeung 2.5 kg.
>
> "Halah, ribet lah zakat make kadaharan mah. mun sakulawarga aya 10 urang
> atuh meuereun kudu ngagagandol beas 25 kg. mendingan ku duit. babari mawana.
> Jaba mun ku duitmah leuwih mangpaat pikeun nu dibere zakat. Bisa digunakeun
> saluyu jeung kabutuhanan fakir miskin"
>
> "Haree geneee zakat make beas!! Ayeuna mah geus jaman modern atuh, mun bisa
> zakat fitrah teh tinggal transfer pake atm, phone banking atawa internet
> banking"
>
> Di waktu zakat ieu di syariatkeun, di tengah umat Islam di madinah geus aya
> duit anu mangrupa dinar jeung dirham. Tapi euweuh riwayat anu nyebutkeun yen
> Rosululloh shallallohu 'alaihi wa sallam pernah zakat ngagunakeun duit. pon
> kitu deui para Sahabat anu paling paham ngeunaan sunnah Nabi Shallallahu
> 'alaihi wa sallam jeung paling sumanget dina ngamalkeun sunnah teu pernah
> diriwayatkeun zakat fitri ngagunakeun duit.
>
> Tangtu aya hikmah na yen Rosululloh shallallohu 'alaihi wa sallam
> ngasyariatkeun zakat ngagunakeun kadaharan tinimbang duit.
>
> "Saestuna aya conto anu hade tina diri Rosululloh pikeun maraneh" (Al Ahzab
> 21)
>
>
>
>
>  
>

Kirim email ke