Naha bet tanggal 4-5 Oktober? lain biasana HBH teh 2 minggu sanggeus lebaran? nyantek teuing atuh euy.
kuring moal bisa ngiluan lamun kitu mah. sabab keur di lembur keneh. maklum lemburna loba euy, mimiti ka garut. ti garut ka kuningan. acan ka bogor. hampura baraya, si irpan moal miluan HBH taun ieu. lantaran waktuna atuh da nyantek teuing. Lamun kuring kudu milih kulawarga atawa kusnet, nya milih kulawarga atuh he..he..he.. Najan kitu sok didu'akeun sing lancar jeung sukses HBH na. terus, ti ayeuna keneh kuring rek menta di hampura. rumasa geus loba dosa. loba pisan euy. sok moyok batur, sok nyarekan batur, ngomong sakacamplengna, ngaraheutan hate batur. hampura nya. nuhun. Irpan Rispandi urang Garut Badrudin wrote: > > Wilujeng siang baraya, > > Warta nu pangenggalna tina rencana HBH KUSnet 2008 nyaeta : > > InsyaAlloh HBH bakal diayakeun di Jatiluhur, ngeunaan acara memang > HBH nu bakal datang ieu formatna rada benten sareng HBH nu atos-atos. > HBH nu bakal datang ieu (urang sebut silaturahmi we nya, ari HBH mah > bisi aya nu nyebut sandekala) heuheu… > > Acara silaturahmi ieu rencana na bade diayakeun ping 4-5 oktober > 2008 dinten saptu malem minggu nu acara intina nyaeta ngendong malem > mingguan, kongres bari menikmati domba guling (kambing guling) + > dipirig ku kacapi suling, aya oge acara beubeuleuman bari ngopi > atanapi ngeteh ssjb, jadi acarana santey pisan, cocoklah kanggo > baraya nu sadidinten sibuk mikir bari meres otak tepi ka garing. > > Kanggo acara ieu panitia tos nyiapkeun dua wisma kanggo ngendong, > makan malam (kambing guling/sate + beubeuleuman), sareng sarapan > kanggo dinten minggu enjing. > Ku ayana rencana silaturahmi ieu si kuring sareng rengrengan panitia > ngaharepkeun pisan partisipasi ti sakumna baraya, saha-saha nu bade > sumping ka acara ieu mangga geura daftar supados panitia gampil > nyiapkeun sareng utang-itung sagala nu diperlukeun. > Atuh bilih aya nu bade nyumbang mangga ulah isin-isin. > > Kanggo nu bade daftar tiasa nga-reply email ieu (tambihan daftar > dihandap) atanapi tiasa oge ngajapri ka email si kuring > ([EMAIL PROTECTED] <mailto:cariu1%40yahoo.com>) ka kang Dikdik > ([EMAIL PROTECTED] <mailto:dicksvf%40yahoo.com>) ka the Imas > ([EMAIL PROTECTED] <mailto:salma_imas%40yahoo.com>) atanapi tiasa > oge telp atanapi sms ka nomer > si kuring 021-32923678, 0813 8096 5991 ulah hilap sebatkeun baraha > urang nu bade sumping. > > Rupina sakitu heula warta ti si kuring, InsyaAlloh setiap aya > perkembangan ngeunaan acara Silaturahmi ieu engkin di alungkeun ka > milis, hapunten pami aya seratan nu kirang merenah. > > Dugi ka danget ieu nu tos daftar nyaeta : > > 1. Apih Siddik Sakulawargi > 2. kang Dikdik > 3. the Imas > 4. si kuring (badrudin) > 5. kang Toni Sofian > 6. kang Panzi + si cincya nyah > 7. neng Gia (Mattel) > 8. neng Mia > 9. neng Evi + si yayang nyah > 10. Wa Tito (sakantenan pulang kampung) > 11. kang Ndoell > 12. kang Ikmal > 13. kang Kamal > 14. kang Kumi sakulawargi > 15. kang Iim > 16. the Tien (ipeuting) > 17. neng Iva (mojank_akank) > 18. kang Bohay > 19. neng Litha > 20. ……………..? > 21. ……………..? > 22. ……………..? > 23. ……………..? > 24. ……………..? > 25. mangga ah geura tambihan > > Jatiluhur.. jatiluhur.. jatiluhur…. > Hayu ah urang ramekeun acara silaturahmi ieu… > > Bdn. > -kanggo kang Dikdik + teh Imas mangga ah tambihan > > ------------------------------------ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

