Basa Sunda
Sing
inget anjeun boga aksara sorangan,
saha aranjeun nu
nyaho telek aksara sunda wiwitan,
anjeun teu nyaho
salila ieu diwadulan?
kunu teu hayang
sunda tetep dina kajayaan.
Sing manteng
uteuk aranjeun mikiran,
karuhun
sunda,jawa,jeung malayu timana daratang,
lain ti beulah
wetan siga nu ear dikarang-karang,
istuning ti
Malaya nyabrang sagara ngaliwat Sumatra ka
sunda tuluy ka wetan.
Ti mana ari
bahasa malayu,sunda nepi ka bali di wetan?
Lain kalah
diear-ear aksara sunda milu ka wetan,
istuning palawa
jeung saacana sunda nu miheulaan.
Atawa anjeun percaya karuhun urang
bijil ti endog hayam nepi ka ujug-ujug bijil ti wetan.
Sunda boga
aksara sorangan,
sunda anu
ngamimitian,
ulah beunang
diwadulan,
mulak-malik
sajarah bari
teu asup kana akal pikiran.
Anjeun
apal kunaon aksara sunda nepikeun disumputkeun jeung dihieuman? Titah
dipiceun dijauhan,
ngarah urang
sunda leungit cecekelan,
ngarah sunda
babari di igelan.
Sunda lain bijil
ti wetan,
puguh sunda
leuwih ti heula batan urang wetan,
hanjakal sawareh
sunda maksakeun kayakinan,
bari teu make akal
pikiran.
Lamun nepi
diijinan ku Gusti,
kuring
ngajagragkeun nu ditunda jaman Siliwangi,
ngarah sunda
nyaho nu jadi bukti,
mangrupa aksara
dina batu jeung kulit kai.
Ka sakabeh urang
sunda nu masih kumalendang,
aranjeun bangsa
gede nu boga titinggalan,
nu jadi bukti
sajati bangsa nu ngarajaan daratan,
lain bangsa teu
boga daya jiga nu kiwari aya dina suratan.
Teu kudu nyeri
kana kajadian katukang,
anggur geura
korehan nu ngahaja ku Siliwangi dititipkeun ka Ki Santang,
ngarah geura
nyaho naon ari Pajajaran,
sugan jeung
sugan geura kapanggih jeung kaumuran.