Ngarah Sunda Panggih Bagja

 

Geura
     nyaho kana laratan,

geura nyaho kana
wiwitan,

ulah beunang ka
olo bari
diwadulan,

urang sunda sing
sarua jeung ti kahiyangan. 

 

Lain salah nu
ayeuna manggihan,

ku sabab ngahaja dikarang-karang ku
urang sabrang nu baheula ka sunda ngamusuhan,

sunda baheula nu
teu sudi jadi patalukan,

sunda nu baheula
teu sudi ngagadekeun kaimanan. 

 

Geura hudang,

herangkeun
pipikiran,

kuring lain
nyarita teu saparan-paran,

kuring boga
bukti nu bakal jadi kanyataan. 

 

Geus ratusan
taun sunda di wadulan,

ayeuna mangsana
sunda bisa manggihan,

ayeuna mangsana
sunda ngamimitian,

manggihan deui
nu geus diamanatan. 

 

Sunda nu
kakoncara,

sunda anu boga
jaya,

sunda nu
ngapimilik tatar sunda,

sunda nu
dipikanyaah ku Baduga. 

 

Ulah silih
sigeung jeung sasama sunda,

anggur geura
patali ati kajeun beda,

ngarah sunda
panggih bagja,

ngarah sunda teu
ngan saukur pinter nyarita.

 

 

 




      

Kirim email ke