Kuring Lain Sagawayah Nyarita

 

Lamun
     geus wanoh ka makhluk nu teu katempo,

istuning sarua
jeung anjeun kajeun teu katempo,

euweuh nu haben
cicing di hiji tempat atawa barang eta ngabobodo,

nu percaya jin
bisa hirup salilana di alam manusa eta nu kacida bodo. 

 

Kuring lain
sagawayah nyarita,

kuring sumpah
Lillahi ta’ala eta nyata,

sing percaya ka
diri jeung ka Nu Kawasa,

nu ngaku cicing
dina pusaka sarua makhluk ciptaan Nu Kawasa. 

 

Maranehna perlu
balik ka alamna,

perlu dahar
nginum sare jeung sajabana,

boga kawani
kasieun jiga manusa,

boga kahayang
jeung nafsu jiga manusa. 

 

Lamun geus nyaho
jin sarua sasama makhluk Nu Kawasa,

insyaAllah moal
matak hayang nyembah ka bangsa kaula,

insyaAllah hirup
bareng teu mawa doraka,

kuring bisa
nunjukeun ka anjeun buktina. 

 

Dina engke
mangsana urang ruing mungpulung,

kuring bakal
nempokeun ngarah teu matak kaduhung,

anjeun boga alam
warisan ti indung,

kula boga alam
warisan ti indung. 

 

Ngan hiji
makhluk nu teu bisa perlaya,

eta oge istuning
dibere ku  Nu Maha Kawasa,

bari geus dipastikeun
kabagean naraka,

nyaeta iblis
ngarana. 

 

Makhluk turunan
ti bangsa jin baheula,

lain jin turunan
manehna,

nu dijieun tina
seuneu nu mangrupa raga,

nu boga sipat
adigung adiguna,

nepi ka wani teu
nurut ka Nu Kawasa. 

 

Jadikeun conto
jang urang sarerea,

ulah ngarsa
ibadah urang leuwih alus tinu laina,

estuning eta
geus kaasupan sipat ria,

sarua jeung
iblis ngarasa adigung adiguna. 

 

 




      

Kirim email ke