Geura Anjeun Balaka

 

Kuring
     geus muka,

kuring nyaho
anjeun boga carita,

make kudu era
nyarita? 

Pedah sieun
disebut teu nyakola? 

 

Geura anjeun
balaka,

kungsi
kadatangan saha,

kungsi dibejaan
kumaha,

batan ditoong
mending balaka tiheula. 

 

Kuring sabisa-bisa
bakal mere beja nu saenyana,

boa ku kuring
bisa dijadikeun nyata,

sanyata anjeun
hirup di dunya ayeuna,

insyaAllah
kuring tara ngaaya-aya. 

 

Kuring muslim ti
tatar sunda,

kuring
ngahargaan kanu beda,

rosul ge
nyontokeun teu kudu heuras mun beda,

rek beda cara
atawa beda agama. 

 

Miang ti landeuh
dimimitian ku ngarasa sarua,

dibarengan ku
niat hayang tetep sairing sauyunan kajeun beda,

estuning hiji
tanaga nu teu kaukur gedena,

tanaga nu geus
ditungguan ku urang sunda ratusan taun lilana. 

 

 




      

Kirim email ke