Mh, si kuring gaduh link ka 2 ahli (prkatisi lapangan) bidang PLTMH
(Pembangkit Listrik Tenaga Mikro Hidro) ieu anu tiasa dihubungan.
Duanana urang Sunda.

Anu hiji, Pak Ruskali, teureuh Subang, pensiunan ti PLN, linggih di
Jakarta. Anjeunna parigek dina nangtukeun lokasi, ngadamel RAB, paham
soal permesinan, oge tiasa ditaros soal jalan kaluar pikeun
pembiayanana.

Anu kadua Kang Dani sareng ramana, pak Tjetje, linggih di Bandung,
kalan-kalan di Panaruban (lebakeun kang Idrus). Tah pami kang Dani mah
khusus ahli permesinana, utamina mesin2 anu tingkat kecil dugi ka
menengah kanggo mikrohidro, tiasa ngarakit nyalira. Kang Dani sajaba
ngadamel mesin kanggo PLTMH, oge parigel ngadamel mesin2 kanggo rupi2
teknologi madya saperti: mesin pencacah batok kalapa, tapas kalapa,
mesin kincir angin keur ngangkat cai, jrrd.

Anu duaan ieu mangga kumaha numutkeun Mh, naha alamat kontakna
diposting di dieu wae (di milist, keur balarea) atanapi bade
dihubungkeun ka anu pakait (yang bersangkutan)?.

Tina sawangan nyanghareupan ancaman perubahan iklim global, PLTMH bisa
jadi salah sahiji pilihan anu pas. Sabab, disagigireun bisa
ngahasilkeun energi listrik keur ngungkulan krisis energi, oge PLTMH
tiasa dimanfaatkeun keur padaringan (persediaan) cai nalika usum
halodo.

Cag heula.

baktosna,
manAR

2008/9/22 mh <[EMAIL PROTECTED]>:
> Baraya, harita uing kungsi posting listrik microhidro.
> Ari uing ngan ukur forward ti koran, lain tukang listrik.
> Ayeuna aya nu tumanya perkara ieu.
>
> Cing sugan aya nu apal, kumaha prakpakanana, mangga geura bahas.
>
> salam,
> mh
>
> ---------- Forwarded message ----------
> From: LAODE ISKANDAR <[EMAIL PROTECTED]>
> Date: 2008/9/22
> Subject: listrik microhidro
> To: [EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED]
>
> tolong dikirimkan cara pembuatannya, karena kami di kendari lagi
> kekurangan pasokan daya listrik........
>
> thank u.
>
> ________________________________
> Dapatkan nama yang Anda sukai!
> Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail.com.
>
> 

Kirim email ke