Sumuhun leres, harita teh kitu, rada pakepuk, hapunten harita ngan ukur 
ngahaminan sakedapan.
Kumaha atuh...hayu wer urang rereongan urang ngempelkeun sapeser bae mah manawi 
aya nu haat.

MSas



  ----- Original Message ----- 
  From: kang kabayan 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, September 22, 2008 10:41 AM
  Subject: [Urang Sunda] Kanggo Wa Sas



        Kahatur Uwa Sas.
        Wa, waktos di Rumentang Siang, abdi ngaharewos ka Uwa, aya seniman ti 
Sumedang nu peryogi bantosan. Uwa ukur unggeuk, da sibuk bade janteng MC sareng 
Kang Asep Ruhimat. 
        Tah ieu cariosna mah, Wa!
        Seniman ti Sumedang
        Ngajoprak teu Walakaya

        KASATIAAN Mang Yaya kana seni tarawangsa, geus kaukur ku waktu, geus 
kauji ku wanci. Diajar nabeuh tarawangsa (rebab jangkung),  ti keur rumaja 
keneh. Mang Yaya nu lahir di Lebaktulang, Desa Nagarawangi, Kacamatan 
Rancakalong, Kabupeten Sumedang lir nu ditakdirkeun kudu kumawula kana seni 
buhun titinggal karuhun. Harita, pasanganana teh Mang Anda urang Cipala. Mang 
Yaya nu ngesetna, Mang Anda nu ngacapina. Muwuh endah, harmonis, dina keset 
jeung sintreuk kacapi. Mang Anda eureun tina nabeuh, Mang Yaya mah terus, najan 
harita tarawangsa teu pati dipirosea ku balarea. Nya ganti pasangan, manehna 
ngadidik Kang Udin urang Cinangka. Ayeuna nasib Mang Yaya pikawatireun, 
ngajoprak teu walakaya.


       
  Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe 
  . 
   

Kirim email ke