Hatur nuhun ka Wargi-Wargi urang Sunda di internet anu welas-asih ka seniman nu teu dipalire ku pamarentah. Utamina ka kasepuhan, Uwa Sas. Mugia amal kasaean para saderek dibales ku Gusti Nu Mahasuci. Ayeuna Mang Yaya mingkin kritis. Abdi saparakanca tadina bade niat ngalelang barang pusaka paragi nabeuh anjeunna, margi teu aya biaya tea. Margi Mang Yaya ayeuna ngajoprak di R.S. Sumedang, bari teu kasawang kedah ti mana waragdna. Ahirna kanggo biaya saheulaanan mah ngadelkeun rereongan ti wargi-wargina. Mang Yaya masih keneh teu acan dipalire ku Pamarentah Kab. Sumedang. Kanggo hubungan ka kulawargina Mang Yaya, tiasa ngontak putra busuna, namina Jajang Koswara No. HP-na: 085221360165. Atanapi ka Kokolot lembur Cijere, atas nami Usup, No. HP: 085222026675. Sakali deui, atasnami kulawargi Mang Yaya, ngahaturkeun nuhun. Mugian di sasih Romadon ayeuna, kasaean para wargi kenging babales ti Mantenna. Baktos Pun Usman Supendi

