Ah ieu mah matak ginggiapeun nu niat nyandung... Susu ganan ieu mah, Kang Syam... manawi gaduh peperenian anu matak tiis ceuli herang mata pikeun nu nyandung? heiheiheih....
On Thu, Oct 23, 2008 at 11:00 AM, syam ridwan wrote: > Hawa nafsu teu kabendung, geus boga hiji hayang sagunung, ahirna nyandung > surandung, pamajikan reuay hutang reuay awak jadi begung, bati balatak teu > kaurus aradigung, tuur nyungcung loba kilir lir paku payung, kurang > adil nu kolot molotot kunu ngora di tundung, pikiran bingung ngahulun balung > diluhureun bangbarung, lamunana jadi inget ka si Enung urang nyalindung, > Enung omat ulah nyebut embung mun ku akang jadi dicandung! Dasar lalaki bet > ku nurustunjung!

