nu matak loa nu nyandung alantasan loba susu nu geus make pormalin ceunah.. teuing susu nu kenca atawa nukatuhu hehehhe
On Thu, Oct 23, 2008 at 11:00 AM, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hawa nafsu teu kabendung, geus boga hiji hayang sagunung, ahirna > nyandung surandung, pamajikan reuay hutang reuay awak jadi begung, bati > balatak teu kaurus aradigung, tuur nyungcung loba kilir lir paku payung, > kurang adil nu kolot molotot kunu ngora di tundung, pikiran bingung ngahulun > balung diluhureun bangbarung, lamunana jadi inget ka si Enung urang > nyalindung, Enung omat ulah nyebut embung mun ku akang jadi dicandung! Dasar > lalaki bet ku nurustunjung! > > Lain nek ngaliarkeun taleus ateul, ieu mah mung ukur muka peperenian nu aya > dibuku keom sakedap-2 "sura seuri siga surili" nu aya pakuat pakaitna jeung > nyandung surandung. Der ah! > > *Hayang Taeun* > > Mang Juha keur gering parna, unggal poé meus meus dirariung ku > kulawargana, lantaran bisi teu kanyahoan hosna. > > "Apana, cik béjakeun ka mamah bisi aya kapanasaran anu can kalaksanakeun. > Sok tong asa asa!" sora bi Mis'ah diharéwoskeun. Biwirna méh antel ka > ceuli mang Juha anu napasna geus renghap ranjug. > > "Hay….hay…nyan nyan……..!" témbal mang Juha teu kebat. > > "Hayang nyangheuy didada mamah?" tanya bi Mis'ah ngajéntrékeun. Mang Juha > gideg. > > "Hayang naon atuh?" bi Mis'ah weléh teu ngarti. > > "Hay…hay…hay..nyan..nyan..nyandung!" ceuk Mang Juha teu euleum euleum. > > Ngadéngé kitu kontan bi Mis'ah mudigdig. > > "Kurdiiiiii…..geus di jeroan deui ngagali kubur téh?" tanya bi Mis'ah ka > si Kurdi anu sapopoéna purah ngagali kubur nu kaparengan harita ngilu > ngariung. > > "Parantos siap!" témbal si Kurdi. > > "Bit…enya hayang nyangheuy dina dada mamah kétah!" témbal mang Juha dak > dumadakan jagjag waringkas. > > *ASIIK* > > "Asiik euy, ayeuna mah mun nelepon tina hapé, murah jeung bisa ngomong > sawaregna!" > > "Har…nya nék nelepon saha atuh, maké kudu lila sagala?" > > "Nék nelepon maru, biasana sok ngajak dordar paséa, jadi wé lila!" > > "Beu aya kituna!" > *Adil* > > "Apana, ari ceuk apana salila rumah tangga sareng mamah, apana tos > ngarasa adil, encan?" > > "Asana encan, Mah. Naha hayang kitu ningali bapa adil?" > > "Puguh wé atuh!" > > "Tah atuh mun kitu mah idinan bapa nyandung, pasti bakal adil, lantaran > waktu kilir bakal dibagi rata, mamah tilu poé, nu ngora ogé tilu poé!" > > *Balik Kilir* > > Balik kilir ti nu ngora pok aki Durhali ngomong ka nini Misnem. > > "Nini cik pangnyadiakeun cai haneut, aki teu kuat halabhab hayang nginum!" > > Bari jamedud, teu talangké nini Misnem nyadiakeun paménta aki Durhali. > > "Har geuning cai tiis, nya euweuh kitu anu haneut!" > > "Tah atuh hayang haneut mah, antelkeun kana dada kami meungpeung hatékami > keur ngagolak!" > > > > syam ridwan > > > > -- ----------------------------------------------------------- AGUS PAKUSARAKAN +62 812 837 7662 www.garutleather.com ----------------------------------------------------------- www.independen.wordpress.com

