Hawa nafsu teu kabendung, geus boga hiji hayang sagunung, ahirna nyandung surandung, pamajikan reuay hutang reuay awak jadi begung, bati balatak teu kaurus aradigung, tuur nyungcung loba kilir lir paku payung, kurang adil nu kolot molotot kunu ngora di tundung, pikiran bingung ngahulun balung diluhureun bangbarung, lamunana jadi inget ka si Enung urang nyalindung, Enung omat ulah nyebut embung mun ku akang jadi dicandung! Dasar lalaki bet ku nurustunjung!
Lain nek ngaliarkeun taleus ateul, ieu mah mung ukur muka peperenian nu aya dibuku keom sakedap-2 "sura seuri siga surili" nu aya pakuat pakaitna jeung nyandung surandung. Der ah! Hayang Taeun Mang Juha keur gering parna, unggal poé meus meus dirariung ku kulawargana, lantaran bisi teu kanyahoan hosna. "Apana, cik béjakeun ka mamah bisi aya kapanasaran anu can kalaksanakeun. Sok tong asa asa!" sora bi Mis'ah diharéwoskeun. Biwirna méh antel ka ceuli mang Juha anu napasna geus renghap ranjug. "Hay..hay.nyan nyan....!" témbal mang Juha teu kebat. "Hayang nyangheuy didada mamah?" tanya bi Mis'ah ngajéntrékeun. Mang Juha gideg. "Hayang naon atuh?" bi Mis'ah weléh teu ngarti. "Hay.hay.hay..nyan..nyan..nyandung!" ceuk Mang Juha teu euleum euleum. Ngadéngé kitu kontan bi Mis'ah mudigdig. "Kurdiiiiii...geus di jeroan deui ngagali kubur téh?" tanya bi Mis'ah ka si Kurdi anu sapopoéna purah ngagali kubur nu kaparengan harita ngilu ngariung. "Parantos siap!" témbal si Kurdi. "Bit.enya hayang nyangheuy dina dada mamah kétah!" témbal mang Juha dak dumadakan jagjag waringkas. ASIIK "Asiik euy, ayeuna mah mun nelepon tina hapé, murah jeung bisa ngomong sawaregna!" "Har.nya nék nelepon saha atuh, maké kudu lila sagala?" "Nék nelepon maru, biasana sok ngajak dordar paséa, jadi wé lila!" "Beu aya kituna!" Adil "Apana, ari ceuk apana salila rumah tangga sareng mamah, apana tos ngarasa adil, encan?" "Asana encan, Mah. Naha hayang kitu ningali bapa adil?" "Puguh wé atuh!" "Tah atuh mun kitu mah idinan bapa nyandung, pasti bakal adil, lantaran waktu kilir bakal dibagi rata, mamah tilu poé, nu ngora ogé tilu poé!" Balik Kilir Balik kilir ti nu ngora pok aki Durhali ngomong ka nini Misnem. "Nini cik pangnyadiakeun cai haneut, aki teu kuat halabhab hayang nginum!" Bari jamedud, teu talangké nini Misnem nyadiakeun paménta aki Durhali. "Har geuning cai tiis, nya euweuh kitu anu haneut!" "Tah atuh hayang haneut mah, antelkeun kana dada kami meungpeung haté kami keur ngagolak!" syam ridwan

