Baraya sarerea,

Ka sing saha wae anu hoyong terang atawa seja diajar atawa boga maksud
nyalabarkeun Aksara Sunda anu geus distandarkeun katut software
font-na, mangga tiasa ngunjal (download) ti alamat ieu :
http://daluang.com/gembolan-paket-unicode-aksara-sunda-v100/   kalawan
password dina muka file zip-na (case-sensitive), ieu: AksaraSunda

Blog "daluang.com" teh gaduhna Kang Dadan Sutisna, salah saurang anu
pangtihot-hatna, sagigireun Kang Dian anu naratas, dina ngagolkeun
gelaring Unicode Aksaran Sunda jeung nyusun pustaka (direktori)
"Aksara Sunda untuk Unicode" anu karek rengse anyar keneh. Anjeunna
oge redaksi pelaksana majalah "Cupumanik" tea oge aktivis di
sababaraha kagiatan kasundaan.

Rencanana, lamun geus jinek itu ieuna, eta gembolan Unicode Aksara
Sunda teh rek dipernahkeun dina hiji website khusus atawa di
sababaraha website kasundaan anu ayeuna geus aya. Pidu'ana wae ti
sadayana muga-muga lancar sagala rupana.

Cag heula.

manar

Kirim email ke