mang nuhun. kuring geus nyobaan bieu, geuning hurup-hurup sunda ieu ukuran leutik pisan lamun make ukuran 12, teu jelas kabacana.
hiji deui, kuring mah ngabayangkeun, aksara sunda ieu henteu wae ngan boga sapariasi nu distandarkeun ieu, tapi oge boga versi-versi sejen model aksara latin nu kiwari geus ngabadeg (kiwari, kuring ukur usul, can bisa ngagawean sorangan! hihi). kuring pernah ngabayangkeun, aksara sunda ieu bakal mapaesan kulit tonggong :) On Tue, Oct 28, 2008 at 8:08 AM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Baraya sarerea, > > Ka sing saha wae anu hoyong terang atawa seja diajar atawa boga maksud > nyalabarkeun Aksara Sunda anu geus distandarkeun katut software > font-na, mangga tiasa ngunjal (download) ti alamat ieu : > http://daluang.com/gembolan-paket-unicode-aksara-sunda-v100/ kalawan > password dina muka file zip-na (case-sensitive), ieu: AksaraSunda > > Blog "daluang.com" teh gaduhna Kang Dadan Sutisna, salah saurang anu > pangtihot-hatna, sagigireun Kang Dian anu naratas, dina ngagolkeun > gelaring Unicode Aksaran Sunda jeung nyusun pustaka (direktori) > "Aksara Sunda untuk Unicode" anu karek rengse anyar keneh. Anjeunna > oge redaksi pelaksana majalah "Cupumanik" tea oge aktivis di > sababaraha kagiatan kasundaan. > > Rencanana, lamun geus jinek itu ieuna, eta gembolan Unicode Aksara > Sunda teh rek dipernahkeun dina hiji website khusus atawa di > sababaraha website kasundaan anu ayeuna geus aya. Pidu'ana wae ti > sadayana muga-muga lancar sagala rupana. > > Cag heula. > > manar > __._ > ___ > -- d-: dudi herlianto :-q ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~

