Heu-heu-heu ....... Bagea Kang Dian ..... Hatur nuhun piwurukna parantos katampi ... kaleresan sim kuring oge parantos komunikasi oge dina blogna Kang Dan .... mung dugi ka sementawis waktos ayeuna teh tetep wae kandalana teh sami wae.
Mung hiji deui anu teu acan kacobian teh, nya eta ngareinstall ku XP Service Pack 3 ........ Kapayun mah pasti dicobian pami tos rada rineh deui ....... hatur nuhun sakali deui anu kapihatur (SundaneseLatin's Fonts mode on) hurip; UrN sun;d Wass, -------------------------------------------------------------------------------- patani makmur ..... taneuh subur ...... ----- Original Message ----- From: Dian Nugraha To: [EMAIL PROTECTED] Cc: [email protected] Sent: Friday, October 31, 2008 10:06 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Aksara Sunda (standar Unicode jeung software) tea Kang Ganles, Punten nembe diwaler ayeuna. Nembe mendak deui internet :-) Dina komputer abdi teu aya masalah kanggo nyerat "keur" sareng "jeung". Parantos dicobi nganggo Ms Word 2003, Ms Word 2007, sareng OpenOffice 2.4. Upami Akang nganggo Windows XP: 1. aktifkeun "Install files for complex script ... " dina "Control Panel -> Regional & Language Options -> Language". 2. cobian dicek naha Windows XP nu pangmutahirna, nyaeta: Windows XP Service Pack 3 (http://support.microsoft.com/kb/322389) "ka +eu +r" atanapi "ka +eu +ra +paeh" dibacana leres sami-sami "keur". Nanging 'sigana' langkung utami nganggo rarangken anu husus ieu (panglayar (+r), panyecek (+ng), pangwisad (+h)), margi rarangken ieu memang husus tidituna pikeun sora +r, +ng, +h tea. Panginten kang Dadan tiasa mangnaroskeun ka pa Undang perkawis ieu :-). Salam, Dian. .
<<kg.gif>>

