"Hirup teh asa beurat pisan euy. Nete semplek nincak semplak. Dagang ieu
rugi, dagang itu tekor. Asa ku hese neangan rizki teh. Jaba panyakit teu
cageur-cageur, nyiar ubar mah geus kamana mendi".
 
"Nya sabar atuh kang, mana kitu ge can waktuna meureun. Insya Allah mun
akang usaha soson-soson bari dibarengan ku tawakal mah bakal kacumponan
pamaksudan teh. Meureun ayeuna akang teh masih didoja ku Alloh. Pan
dawuhan Alloh ge 
"JEUNG KAMI BAKAL MERE DODOJA KA ANJEUN KU SAEUTIK RASA SIEUN, LAPAR,
KAKURANGAN HARTA, JIWA JEUNG BUNGBUAHAN. JEUNG TEPIKEUN BEJA ANU
NGAGUMBIRAKEUN PIKEUN JALMA ANU SALABAR" (1) 
 
"Silaing sih bisa ngomong kitu, nitah sabar. Teu ngarasakeun, nu
ngarasakeun mah pan aing sorangan. Aing mah terus terang geus ngarasa
bosen hirup teh. Bosen susah teh euweuh eureunna".
 
"Ulah kitu kang, tong pegat harepan oge tong ngarasa teu tarima naon anu
ditakdirkeun ku Nu Maha Kawasa. Sabab mun akang teu tarima akang bakal
jadi jalma anu rugi dunya jeung aherat. 
"JEUNG DIANTARA MANUSA AYA JALMA NU IBADAH KA ALLOH DINA KAAYAAN DI
SISI; MUN MANEHNA MEUNANG KAHADEAN MANEHNA TETEP DINA ETA KAAYAAN JEUNG
MUN MANEHNA NGARANDAPAN MUSIBAH, MANEHNA BALIK KA TUKANG. MANEHNA RUGI
DI DUNYA OGE DI AHERAT. NU KITU MANGRUPAKEUN KARUGIAN ANU NYATA (2)". 
Malahmah salian ti sabar mun urang kaparengan nandangan dodoja urang teh
kudu syukur tina dodoja anu ku urang karandapan.
Syukur lantaran di dunya loba dodoja anu leuwih beurat tibatan anu
karandapan ku urang.
Jeung syukur lantaran dodoja di dunya leuwih hampang tibatan azab di
aherat lantaran kusabab dodoja anu ku urang karandapan dosa-dosa urang
bakal dipupus .
Sakumaha dawuhan rosululloh shallallohu 'alaihi wa sallam :
 "EUWEUH HIJI MUSIBAH ANU DIRANDAPAN KU SAURANG MUSLIM IWAL ALLOH BAKAL
MUPUS DOSANA KULANTARAN ETA MUSIBAH.........." (3)
 "SAURANG MUSLIM TEU NGARANDAPAN CAPE, GEURING, SEDIH, GANGGUAN ATAWA
GULIGAH RASA NEPI KA KACUGAK KU HIJI CUCUK IWAL TI ALLOH BAKAL MUPUS KU
LANTARAN ETA KASALAHAN-KASALAHANANA "(4)
 
"SALAWASNA MUSIBAH TUMIBA KA SAURANG MUKMIN JEUNG MUKMINAH KANA DIRINA,
HARTA JEUNG ANAKNA, NEPI KA MANEHNA PAAMPROK JEUNG ALLOH DINA KAAYAAN
TEU BOGA DOSA" (5)
 
Salian ti  mupus dosa, aya kalana malahan dodoja jadi sabab nambahan
iman saurang jalma. Hiji dodoja jadi sabab pikeun urang sadar kanu
kasalahan-kasalahan anu geus dilakonan.
"JEUNG KAMI DOJA MARANEHNA KU (NIKMAT) NU HADE-HADE  JEUNG (MUSIBAH) NU
GORENG-GORENG SUPAYA MARANEHNA BALIK (KANA BEBENERAN)" (6)
 

Rasululloh shallallohu 'alaihi wa sallam oge ngadawuh :
 
"SAESTUNA GEDENA BALESAN GUMANTUNG KANA GEDENA UJIAN, JEUNG SAESTUNA
ALLOH TA'ALA MUN MICINTA KA HIJI KAUM, ALLOH BAKAL NGUJI MARANEHNA (KU
HIJI MUSIBAH). SINGSAHA NU RIDHO KEUR MANEHNA KARIDHOAN ALLOH JEUNG
SINGSAHA NU MURKA KEUR MANEHNA KAMURKAAN ALLOH(7)  
 
Sakumaha beuratna dodoja anu ku akang ayeuna keur dirandapan pasti akang
bakal mampu pikeun ngaliwatanana. Sabab Alloh moal ngabeungberatan
hambana salian ti eta hamba bakal sanggup pikeun nandanganana (8) 
 
Aluk mah urang lobakeun ngadoa ka Alloh supaya digampangkeun rezeki
urang. Atuh urang oge dibere kasabaran dina nyanghareupan naon wae anu
ku urang dirandapan".
 
"Halah, ngadoa we ngadeluk. Emang bisa beunghar ku ngadoa. Tuh tenjo si
Jeki, boro-boro sholat bari ngadoa, ngambeu bauna mesjid wai sigana can
pernah. Tapi tempo usahana, sakitu majuna. Boga imah nepi ka 3, mobil ka
saopat-opatna, kebon upluk aplak dimana-mana".
 
"Kang, tong serab ku harta. Tong boga pamikiran yen jalma nu beunghar ku
harta teh jalma anu dipikanyaan ku Alloh. Bisa jadi malah eta jalma teh
keur di sungkun ku Alloh. 
Sakumaha dawuhan rosululloh shallallohu 'alaihi wa sallam :
"MUN ALLOH MIHAREP KAHADEAN PIKEUN HAMBA-HAMBANA, ALLOH BAKAL
GANCANGKEUN BALESANANA DI DUNYA. JEUNG MUN ALLOH MIHAREP KAGORENGAN KA
HAMBANA, ALLOH BAKAL TUNDA BALESAN TINA DOSANA, NEPI KA ALLOH
SAMPURNAKEUN BALESANANA DINA POE KIAMAT" (9)
Urang ulah kendat-kendat ngadoa supaya dipaparinan kasabaran, sabab
kasabaran ieu mangrupakeun salah sahiji kunci pikeun meunang kabagjaan
di dunya.
Dawuhan Rasululloh Shalallohu 'Alahi Wasallam:
"JEUNG EUWEUH PAMERE KA HIJI JALMA NU LEUWIH HADE JEUNG LEUWIH LEGA
TIBATAN KASABARAN" (10)
Umar bin Khatthab Radhiyallohu 'Anhu pernah nyarita :"KAMI NIMU
KABAGJAAN HIRUP DINA KASABARAN" (11)
Bisa wae urang ngarandapan naon-naon anu ku urang teu dipisuka, padahal
disatukangeun naon anu ku urang karandapan loba hikmah jeung kahadean
pikeun urang (12)
 
Mun urang pareng ngarandapan dodoja, urang kudu buru-buru ngucap 'Inna
lillahi wa inna ilaihi raji'un' bari sadar yen naon wae anu tumiba ka
urang mangrupakeun takdir ti nu Maha Kawasa.
Dawuhan Alloh Subhanahu wata'ala:
"JEUNG BERE BEJA ANU NGAGUMBIRAKEUN PIKEUN JALMA-JALMA ANU SABAR, NYAETA
JALMA-JALMA NU MUN NANDANGAN MUSIBAH MARANEHNA NGUCAP 'INNA LILLAHI WA
INNA ILAIHI ROJI'UN. MARANEHNA ETA NU MEUNANG BAROKAH NU SAMPURNA JEUNG
RAHMAT TI RABB MARANEHNA JEUNG MARANEHNA ETA JALMA-JALMA ANU MEUNANG
PITUDUH"(13)
Dawuhan Rasululloh Shalallohu 'Alahi Wasallam:
"EUWEUH HIJI MUSLIM ANU NGARANDAPAN MUSIBAH TERUS NGUCAP NAON ANU
DIPARENTAHKEUN ALLOH (NYAETA) :'INNA LILLAHI WA INNA ILAIHI ROJI'UN. YA
ALLOH, BERE KAULA PAHALA TINA (MUSIBAH) ANU TUMIBA KA KAULA JEUNG BERE
GAGANTI KEUR KAULA NU LEUWIH HADE TINA ETA'. IWAL TI ALLOH BAKAL MERE KA
MANEHNA ANU LEUWIH HADE TINA ETA MUSIBAH" (14)
 
Ku kituna akang kudu yakin yen saenggeus kasusahan anu ku akang ayeuna
keur disanghareupan bakal aya kahadean (15)
 
Jeung urang ulah katipu ku kahirupan di dunya, sabab urang hirup di
dunya ngan samentara. Dodoja di dunya teu sabaraha mun dibandingkeun
jeung azab di aherat.
Dawuhan Rasululloh Shalallohu 'Alahi Wasallam:
"KANYAHOKEUN, SAESTUNA KAHIRUPAN DUNYA ETA NGAN KAULINAN JEUNG NANAHAON
NU NGALALAWORAKEUN, PERHIASAN JEUNG PAAGRENG-AGRENG DI ANTARA MARANEH
KALAYAN PAREUEUS REUEUS DINA LOBANA HARTA JEUNG ANAK SAPERTI HUJAN ANU
PEPELAKANANA NAKJUBKEUN PARA PATANI TERUS ETA PEPELAKAN JADI GARING
JEUNG MARANEH NENJO WARNANA KONENG TERUS JADI ANCUR. JEUNG DI AHERAT
ENGKE AYA AZAB ANU PEURIH JEUNG AYA AMPUNAN TI ALLOH KALAYAN RIDHO-NA.
KAHIRUPAN DUNYA ETA IWAL NGAN KASENANGAN ANU NIPU" (16)
 
Dawuhan Alloh Subhanahu wata'ala
"JEUNG MUN MANUSA NGARANDAPAN BAHAYA, MANEHNA NYALUKAN KAULA, TERUS MUN
KAMI BERE MANEHNA NIKMAT TI KAMI MANEHNA NYARITA :'SAESTUNA AING DIBERE
NIKMAT IEU NGAN KULANTARAN KAPINTERAN AING'. SABENERNA ETA MANGRUPAKEUN
UJIAN, TAPI LOLOBANA TI MARANEHNA TEU NYAHO" (17)
 
 
 
(1) Q.S Al Baqarah 155
(2) Q.S. Al Hajj 11
(3) (HR. Al-Bukhariy no.5640 & Muslim no.2572 Ti 'A`isyah)
(4) (HR. Al-Bukhariy no.5641, 5642 Ti Abu Sa'id Al-Khudriy & Abu
Hurairah)
(5) (HR. Ahmad, At-Tirmidzi, jeung lianna, jeung hasan shahih nurutkeun
Asy-Syaikh Al-Albani dina Shahih Sunan At- Tirmidzi, 2/565 no. 2399)
(6) Q.S. Al-A'raf 168)
(7) (HR. At-Tirmidziy no.2396 Ti Anas bin Malik, Silsilah Ash-Shahiihah
no.146)
(8) Q.S. Al An'am 152
(9) (HR. At-Tirmidziy no.2396 Ti Anas bin Malik, Ash- Shahiihah no.1220)
(10) ( HR. Bukhari N0 781 & Muslim)
(11) (HR. Bukhari)
(12) Q.S. An Nisa 19
(13) Q.S. Al-Baqarah 155-157
(14) (HR. Muslim no. 918)
(15) Q.S. Alam Nasyrah 5-6
(16) Q.S. Al-Hadid 30
(17) Q.S. Az Zumar 49
 
 
 
 
 
"Sungguh mengagumkan perkara seorang mukmin. Sungguh seluruh perkaranya
adalah kebaikan baginya. Yang demikian itu tidaklah dimiliki oleh
seorangpun kecuali seorang mukmin. Jika mendapatkan kelapangan ia
bersyukur, maka yang demikian itu baik baginya. Dan jika ia ditimpa
kemudaratan/kesusahan1 ia bersabar, maka yang demikian itu baik
baginya." (HR. Muslim no. 7425)
 
 
 
 
 

 

Kirim email ke