AA: eratanana sae pisan; carana siga nu ngawangkong padahal mapatahan ka sakumna. Hoded lah
--- In [email protected], "Sumarna, Nana" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > "Hirup teh asa beurat pisan euy. Nete semplek nincak semplak. Dagang ieu > rugi, dagang itu tekor. Asa ku hese neangan rizki teh. Jaba panyakit teu > cageur-cageur, nyiar ubar mah geus kamana mendi". > > "Nya sabar atuh kang, mana kitu ge can waktuna meureun. Insya Allah mun > akang usaha soson-soson bari dibarengan ku tawakal mah bakal kacumponan > pamaksudan teh. Meureun ayeuna akang teh masih didoja ku Alloh. Pan > dawuhan Alloh ge > "JEUNG KAMI BAKAL MERE DODOJA KA ANJEUN KU SAEUTIK RASA SIEUN, LAPAR, > KAKURANGAN HARTA, JIWA JEUNG BUNGBUAHAN. JEUNG TEPIKEUN BEJA ANU > NGAGUMBIRAKEUN PIKEUN JALMA ANU SALABAR" (1) > > "Silaing sih bisa ngomong kitu, nitah sabar. Teu ngarasakeun, nu > ngarasakeun mah pan aing sorangan. Aing mah terus terang geus ngarasa > bosen hirup teh. Bosen susah teh euweuh eureunna". > > "Ulah kitu kang, tong pegat harepan oge tong ngarasa teu tarima naon anu > ditakdirkeun ku Nu Maha Kawasa. Sabab mun akang teu tarima akang bakal > jadi jalma anu rugi dunya jeung aherat. > "JEUNG DIANTARA MANUSA AYA JALMA NU IBADAH KA ALLOH DINA KAAYAAN DI > SISI; MUN MANEHNA MEUNANG KAHADEAN MANEHNA TETEP DINA ETA KAAYAAN JEUNG > MUN MANEHNA NGARANDAPAN MUSIBAH, MANEHNA BALIK KA TUKANG. MANEHNA RUGI > DI DUNYA OGE DI AHERAT. NU KITU MANGRUPAKEUN KARUGIAN ANU NYATA (2)". > Malahmah salian ti sabar mun urang kaparengan nandangan dodoja urang teh > kudu syukur tina dodoja anu ku urang karandapan. > Syukur lantaran di dunya loba dodoja anu leuwih beurat tibatan anu > karandapan ku urang. > Jeung syukur lantaran dodoja di dunya leuwih hampang tibatan azab di > aherat lantaran kusabab dodoja anu ku urang karandapan dosa-dosa urang > bakal dipupus . > Sakumaha dawuhan rosululloh shallallohu 'alaihi wa sallam : > "EUWEUH HIJI MUSIBAH ANU DIRANDAPAN KU SAURANG MUSLIM IWAL ALLOH BAKAL > MUPUS DOSANA KULANTARAN ETA MUSIBAH.........." (3) > "SAURANG MUSLIM TEU NGARANDAPAN CAPE, GEURING, SEDIH, GANGGUAN ATAWA > GULIGAH RASA NEPI KA KACUGAK KU HIJI CUCUK IWAL TI ALLOH BAKAL MUPUS KU > LANTARAN ETA KASALAHAN-KASALAHANANA "(4) > > "SALAWASNA MUSIBAH TUMIBA KA SAURANG MUKMIN JEUNG MUKMINAH KANA DIRINA, > HARTA JEUNG ANAKNA, NEPI KA MANEHNA PAAMPROK JEUNG ALLOH DINA KAAYAAN > TEU BOGA DOSA" (5) > > Salian ti mupus dosa, aya kalana malahan dodoja jadi sabab nambahan > iman saurang jalma. Hiji dodoja jadi sabab pikeun urang sadar kanu > kasalahan-kasalahan anu geus dilakonan. > "JEUNG KAMI DOJA MARANEHNA KU (NIKMAT) NU HADE-HADE JEUNG (MUSIBAH) NU > GORENG-GORENG SUPAYA MARANEHNA BALIK (KANA BEBENERAN)" (6) > > > Rasululloh shallallohu 'alaihi wa sallam oge ngadawuh : > > "SAESTUNA GEDENA BALESAN GUMANTUNG KANA GEDENA UJIAN, JEUNG SAESTUNA > ALLOH TA'ALA MUN MICINTA KA HIJI KAUM, ALLOH BAKAL NGUJI MARANEHNA (KU > HIJI MUSIBAH). SINGSAHA NU RIDHO KEUR MANEHNA KARIDHOAN ALLOH JEUNG > SINGSAHA NU MURKA KEUR MANEHNA KAMURKAAN ALLOH(7) > > Sakumaha beuratna dodoja anu ku akang ayeuna keur dirandapan pasti akang > bakal mampu pikeun ngaliwatanana. Sabab Alloh moal ngabeungberatan > hambana salian ti eta hamba bakal sanggup pikeun nandanganana (8) > > Aluk mah urang lobakeun ngadoa ka Alloh supaya digampangkeun rezeki > urang. Atuh urang oge dibere kasabaran dina nyanghareupan naon wae anu > ku urang dirandapan". > > "Halah, ngadoa we ngadeluk. Emang bisa beunghar ku ngadoa. Tuh tenjo si > Jeki, boro-boro sholat bari ngadoa, ngambeu bauna mesjid wai sigana can > pernah. Tapi tempo usahana, sakitu majuna. Boga imah nepi ka 3, mobil ka > saopat-opatna, kebon upluk aplak dimana-mana". > > "Kang, tong serab ku harta. Tong boga pamikiran yen jalma nu beunghar ku > harta teh jalma anu dipikanyaan ku Alloh. Bisa jadi malah eta jalma teh > keur di sungkun ku Alloh. > Sakumaha dawuhan rosululloh shallallohu 'alaihi wa sallam : > "MUN ALLOH MIHAREP KAHADEAN PIKEUN HAMBA-HAMBANA, ALLOH BAKAL > GANCANGKEUN BALESANANA DI DUNYA. JEUNG MUN ALLOH MIHAREP KAGORENGAN KA > HAMBANA, ALLOH BAKAL TUNDA BALESAN TINA DOSANA, NEPI KA ALLOH > SAMPURNAKEUN BALESANANA DINA POE KIAMAT" (9) > Urang ulah kendat-kendat ngadoa supaya dipaparinan kasabaran, sabab > kasabaran ieu mangrupakeun salah sahiji kunci pikeun meunang kabagjaan > di dunya. > Dawuhan Rasululloh Shalallohu 'Alahi Wasallam: > "JEUNG EUWEUH PAMERE KA HIJI JALMA NU LEUWIH HADE JEUNG LEUWIH LEGA > TIBATAN KASABARAN" (10) > Umar bin Khatthab Radhiyallohu 'Anhu pernah nyarita :"KAMI NIMU > KABAGJAAN HIRUP DINA KASABARAN" (11) > Bisa wae urang ngarandapan naon-naon anu ku urang teu dipisuka, padahal > disatukangeun naon anu ku urang karandapan loba hikmah jeung kahadean > pikeun urang (12) > > Mun urang pareng ngarandapan dodoja, urang kudu buru-buru ngucap 'Inna > lillahi wa inna ilaihi raji'un' bari sadar yen naon wae anu tumiba ka > urang mangrupakeun takdir ti nu Maha Kawasa. > Dawuhan Alloh Subhanahu wata'ala: > "JEUNG BERE BEJA ANU NGAGUMBIRAKEUN PIKEUN JALMA-JALMA ANU SABAR, NYAETA > JALMA-JALMA NU MUN NANDANGAN MUSIBAH MARANEHNA NGUCAP 'INNA LILLAHI WA > INNA ILAIHI ROJI'UN. MARANEHNA ETA NU MEUNANG BAROKAH NU SAMPURNA JEUNG > RAHMAT TI RABB MARANEHNA JEUNG MARANEHNA ETA JALMA-JALMA ANU MEUNANG > PITUDUH"(13) > Dawuhan Rasululloh Shalallohu 'Alahi Wasallam: > "EUWEUH HIJI MUSLIM ANU NGARANDAPAN MUSIBAH TERUS NGUCAP NAON ANU > DIPARENTAHKEUN ALLOH (NYAETA) :'INNA LILLAHI WA INNA ILAIHI ROJI'UN. YA > ALLOH, BERE KAULA PAHALA TINA (MUSIBAH) ANU TUMIBA KA KAULA JEUNG BERE > GAGANTI KEUR KAULA NU LEUWIH HADE TINA ETA'. IWAL TI ALLOH BAKAL MERE KA > MANEHNA ANU LEUWIH HADE TINA ETA MUSIBAH" (14) > > Ku kituna akang kudu yakin yen saenggeus kasusahan anu ku akang ayeuna > keur disanghareupan bakal aya kahadean (15) > > Jeung urang ulah katipu ku kahirupan di dunya, sabab urang hirup di > dunya ngan samentara. Dodoja di dunya teu sabaraha mun dibandingkeun > jeung azab di aherat. > Dawuhan Rasululloh Shalallohu 'Alahi Wasallam: > "KANYAHOKEUN, SAESTUNA KAHIRUPAN DUNYA ETA NGAN KAULINAN JEUNG NANAHAON > NU NGALALAWORAKEUN, PERHIASAN JEUNG PAAGRENG-AGRENG DI ANTARA MARANEH > KALAYAN PAREUEUS REUEUS DINA LOBANA HARTA JEUNG ANAK SAPERTI HUJAN ANU > PEPELAKANANA NAKJUBKEUN PARA PATANI TERUS ETA PEPELAKAN JADI GARING > JEUNG MARANEH NENJO WARNANA KONENG TERUS JADI ANCUR. JEUNG DI AHERAT > ENGKE AYA AZAB ANU PEURIH JEUNG AYA AMPUNAN TI ALLOH KALAYAN RIDHO- NA. > KAHIRUPAN DUNYA ETA IWAL NGAN KASENANGAN ANU NIPU" (16) > > Dawuhan Alloh Subhanahu wata'ala > "JEUNG MUN MANUSA NGARANDAPAN BAHAYA, MANEHNA NYALUKAN KAULA, TERUS MUN > KAMI BERE MANEHNA NIKMAT TI KAMI MANEHNA NYARITA :'SAESTUNA AING DIBERE > NIKMAT IEU NGAN KULANTARAN KAPINTERAN AING'. SABENERNA ETA MANGRUPAKEUN > UJIAN, TAPI LOLOBANA TI MARANEHNA TEU NYAHO" (17) > > > > (1) Q.S Al Baqarah 155 > (2) Q.S. Al Hajj 11 > (3) (HR. Al-Bukhariy no.5640 & Muslim no.2572 Ti 'A`isyah) > (4) (HR. Al-Bukhariy no.5641, 5642 Ti Abu Sa'id Al-Khudriy & Abu > Hurairah) > (5) (HR. Ahmad, At-Tirmidzi, jeung lianna, jeung hasan shahih nurutkeun > Asy-Syaikh Al-Albani dina Shahih Sunan At- Tirmidzi, 2/565 no. 2399) > (6) Q.S. Al-A'raf 168) > (7) (HR. At-Tirmidziy no.2396 Ti Anas bin Malik, Silsilah Ash- Shahiihah > no.146) > (8) Q.S. Al An'am 152 > (9) (HR. At-Tirmidziy no.2396 Ti Anas bin Malik, Ash- Shahiihah no.1220) > (10) ( HR. Bukhari N0 781 & Muslim) > (11) (HR. Bukhari) > (12) Q.S. An Nisa 19 > (13) Q.S. Al-Baqarah 155-157 > (14) (HR. Muslim no. 918) > (15) Q.S. Alam Nasyrah 5-6 > (16) Q.S. Al-Hadid 30 > (17) Q.S. Az Zumar 49 > > > > > > "Sungguh mengagumkan perkara seorang mukmin. Sungguh seluruh perkaranya > adalah kebaikan baginya. Yang demikian itu tidaklah dimiliki oleh > seorangpun kecuali seorang mukmin. Jika mendapatkan kelapangan ia > bersyukur, maka yang demikian itu baik baginya. Dan jika ia ditimpa > kemudaratan/kesusahan1 ia bersabar, maka yang demikian itu baik > baginya." (HR. Muslim no. 7425) >

