geus paeh weh kang, ameh teu lieur hirup dunia kriboo



________________________________
Dari: "Sumarna, Nana" <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Selasa, 4 November, 2008 08:50:00
Topik: [Urang Sunda] dodoja


"Hirup teh asa beurat pisan euy.. Nete semplek nincak semplak. Dagang ieu rugi, 
dagang itu tekor. Asa ku hese neangan rizki teh. Jaba panyakit teu 
cageur-cageur, nyiar ubar mah geus kamana mendi".

"Nya sabar atuh kang, mana kitu ge can waktuna meureun. Insya Allah mun akang 
usaha soson-soson bari dibarengan ku tawakal mah bakal kacumponan pamaksudan 
teh. Meureun ayeuna akang teh masih didoja ku Alloh. Pan dawuhan Alloh ge 
"JEUNG KAMI BAKAL MERE DODOJA KA ANJEUN KU SAEUTIK RASA SIEUN, LAPAR, 
KAKURANGAN HARTA, JIWA JEUNG BUNGBUAHAN. JEUNG TEPIKEUN BEJA ANU NGAGUMBIRAKEUN 
PIKEUN JALMA ANU SALABAR" (1) 

"Silaing sih bisa ngomong kitu, nitah sabar. Teu ngarasakeun, nu ngarasakeun 
mah pan aing sorangan. Aing mah terus terang geus ngarasa bosen hirup teh. 
Bosen susah teh euweuh eureunna".

"Ulah kitu kang, tong pegat harepan oge tong ngarasa teu tarima naon anu 
ditakdirkeun ku Nu Maha Kawasa. Sabab mun akang teu tarima akang bakal jadi 
jalma anu rugi dunya jeung aherat. 
"JEUNG DIANTARA MANUSA AYA JALMA NU IBADAH KA ALLOH DINA KAAYAAN DI SISI; MUN 
MANEHNA MEUNANG KAHADEAN MANEHNA TETEP DINA ETA KAAYAAN JEUNG MUN MANEHNA 
NGARANDAPAN MUSIBAH, MANEHNA BALIK KA TUKANG. MANEHNA RUGI DI DUNYA OGE DI 
AHERAT. NU KITU MANGRUPAKEUN KARUGIAN ANU NYATA (2)". 
Malahmah salian ti sabar mun urang kaparengan nandangan dodoja urang teh kudu 
syukur tina dodoja anu ku urang karandapan.
Syukur lantaran di dunya loba dodoja anu leuwih beurat tibatan anu karandapan 
ku urang.
Jeung syukur lantaran dodoja di dunya leuwih hampang tibatan azab di aherat 
lantaran kusabab dodoja anu ku urang karandapan dosa-dosa urang bakal dipupus .
Sakumaha dawuhan rosululloh shallallohu 'alaihi wa sallam :
 "EUWEUH HIJI MUSIBAH ANU DIRANDAPAN KU SAURANG MUSLIM IWAL ALLOH BAKAL MUPUS 
DOSANA KULANTARAN ETA MUSIBAH...... ....." (3)
 "SAURANG MUSLIM TEU NGARANDAPAN CAPE, GEURING, SEDIH, GANGGUAN ATAWA GULIGAH 
RASA NEPI KA KACUGAK KU HIJI CUCUK IWAL TI ALLOH BAKAL MUPUS KU LANTARAN ETA 
KASALAHAN-KASALAHAN ANA "(4)

"SALAWASNA MUSIBAH TUMIBA KA SAURANG MUKMIN JEUNG MUKMINAH KANA DIRINA, HARTA 
JEUNG ANAKNA, NEPI KA MANEHNA PAAMPROK JEUNG ALLOH DINA KAAYAAN TEU BOGA DOSA" 
(5)

Salian ti  mupus dosa, aya kalana malahan dodoja jadi sabab nambahan iman 
saurang jalma. Hiji dodoja jadi sabab pikeun urang sadar kanu 
kasalahan-kasalahan anu geus dilakonan.
"JEUNG KAMI DOJA MARANEHNA KU (NIKMAT) NU HADE-HADE  JEUNG (MUSIBAH) NU 
GORENG-GORENG SUPAYA MARANEHNA BALIK (KANA BEBENERAN)" (6)

Rasululloh shallallohu 'alaihi wa sallam oge ngadawuh :

"SAESTUNA GEDENA BALESAN GUMANTUNG KANA GEDENA UJIAN, JEUNG SAESTUNA ALLOH 
TA'ALA MUN MICINTA KA HIJI KAUM, ALLOH BAKAL NGUJI MARANEHNA (KU HIJI MUSIBAH). 
SINGSAHA NU RIDHO KEUR MANEHNA KARIDHOAN ALLOH JEUNG SINGSAHA NU MURKA KEUR 
MANEHNA KAMURKAAN ALLOH(7)  

Sakumaha beuratna dodoja anu ku akang ayeuna keur dirandapan pasti akang bakal 
mampu pikeun ngaliwatanana. Sabab Alloh moal ngabeungberatan hambana salian ti 
eta hamba bakal sanggup pikeun nandanganana (8) 

Aluk mah urang lobakeun ngadoa ka Alloh supaya digampangkeun rezeki urang. Atuh 
urang oge dibere kasabaran dina nyanghareupan naon wae anu ku urang dirandapan".

"Halah, ngadoa we ngadeluk. Emang bisa beunghar ku ngadoa. Tuh tenjo si Jeki, 
boro-boro sholat bari ngadoa, ngambeu bauna mesjid wai sigana can pernah. Tapi 
tempo usahana, sakitu majuna. Boga imah nepi ka 3, mobil ka saopat-opatna, 
kebon upluk aplak dimana-mana" .

"Kang, tong serab ku harta. Tong boga pamikiran yen jalma nu beunghar ku harta 
teh jalma anu dipikanyaan ku Alloh. Bisa jadi malah eta jalma teh keur di 
sungkun ku Alloh. 
Sakumaha dawuhan rosululloh shallallohu 'alaihi wa sallam :
"MUN ALLOH MIHAREP KAHADEAN PIKEUN HAMBA-HAMBANA, ALLOH BAKAL GANCANGKEUN 
BALESANANA DI DUNYA. JEUNG MUN ALLOH MIHAREP KAGORENGAN KA HAMBANA, ALLOH BAKAL 
TUNDA BALESAN TINA DOSANA, NEPI KA ALLOH SAMPURNAKEUN BALESANANA DINA POE 
KIAMAT" (9)
Urang ulah kendat-kendat ngadoa supaya dipaparinan kasabaran, sabab kasabaran 
ieu mangrupakeun salah sahiji kunci pikeun meunang kabagjaan di dunya.
Dawuhan Rasululloh Shalallohu ‘Alahi Wasallam:
"JEUNG EUWEUH PAMERE KA HIJI JALMA NU LEUWIH HADE JEUNG LEUWIH LEGA TIBATAN 
KASABARAN" (10)
Umar bin Khatthab Radhiyallohu ‘Anhu pernah nyarita :"KAMI NIMU KABAGJAAN HIRUP 
DINA KASABARAN" (11)
Bisa wae urang ngarandapan naon-naon anu ku urang teu dipisuka, padahal 
disatukangeun naon anu ku urang karandapan loba hikmah jeung kahadean pikeun 
urang (12)

Mun urang pareng ngarandapan dodoja, urang kudu buru-buru ngucap ‘Inna lillahi 
wa inna ilaihi raji’un' bari sadar yen naon wae anu tumiba ka urang 
mangrupakeun takdir ti nu Maha Kawasa.
Dawuhan Alloh Subhanahu wata'ala:
"JEUNG BERE BEJA ANU NGAGUMBIRAKEUN PIKEUN JALMA-JALMA ANU SABAR, NYAETA 
JALMA-JALMA NU MUN NANDANGAN MUSIBAH MARANEHNA NGUCAP 'INNA LILLAHI WA INNA 
ILAIHI ROJI'UN. MARANEHNA ETA NU MEUNANG BAROKAH NU SAMPURNA JEUNG RAHMAT TI 
RABB MARANEHNA JEUNG MARANEHNA ETA JALMA-JALMA ANU MEUNANG PITUDUH"(13)
Dawuhan Rasululloh Shalallohu ‘Alahi Wasallam:
"EUWEUH HIJI MUSLIM ANU NGARANDAPAN MUSIBAH TERUS NGUCAP NAON ANU 
DIPARENTAHKEUN ALLOH (NYAETA) :'INNA LILLAHI WA INNA ILAIHI ROJI'UN. YA ALLOH, 
BERE KAULA PAHALA TINA (MUSIBAH) ANU TUMIBA KA KAULA JEUNG BERE GAGANTI KEUR 
KAULA NU LEUWIH HADE TINA ETA'. IWAL TI ALLOH BAKAL MERE KA MANEHNA ANU LEUWIH 
HADE TINA ETA MUSIBAH" (14)

Ku kituna akang kudu yakin yen saenggeus kasusahan anu ku akang ayeuna keur 
disanghareupan bakal aya kahadean (15)

Jeung urang ulah katipu ku kahirupan di dunya, sabab urang hirup di dunya ngan 
samentara. Dodoja di dunya teu sabaraha mun dibandingkeun jeung azab di aherat.
Dawuhan Rasululloh Shalallohu ‘Alahi Wasallam:
"KANYAHOKEUN, SAESTUNA KAHIRUPAN DUNYA ETA NGAN KAULINAN JEUNG NANAHAON NU 
NGALALAWORAKEUN, PERHIASAN JEUNG PAAGRENG-AGRENG DI ANTARA MARANEH KALAYAN 
PAREUEUS REUEUS DINA LOBANA HARTA JEUNG ANAK SAPERTI HUJAN ANU PEPELAKANANA 
NAKJUBKEUN PARA PATANI TERUS ETA PEPELAKAN JADI GARING JEUNG MARANEH NENJO 
WARNANA KONENG TERUS JADI ANCUR. JEUNG DI AHERAT ENGKE AYA AZAB ANU PEURIH 
JEUNG AYA AMPUNAN TI ALLOH KALAYAN RIDHO-NA. KAHIRUPAN DUNYA ETA IWAL NGAN 
KASENANGAN ANU NIPU" (16)

Dawuhan Alloh Subhanahu wata'ala
"JEUNG MUN MANUSA NGARANDAPAN BAHAYA, MANEHNA NYALUKAN KAULA, TERUS MUN KAMI 
BERE MANEHNA NIKMAT TI KAMI MANEHNA NYARITA :'SAESTUNA AING DIBERE NIKMAT IEU 
NGAN KULANTARAN KAPINTERAN AING'. SABENERNA ETA MANGRUPAKEUN UJIAN, TAPI 
LOLOBANA TI MARANEHNA TEU NYAHO" (17)



(1) Q.S Al Baqarah 155
(2) Q.S. Al Hajj 11
(3) (HR. Al-Bukhariy no.5640 & Muslim no.2572 Ti 'A`isyah)
(4) (HR. Al-Bukhariy no.5641, 5642 Ti Abu Sa'id Al-Khudriy & Abu Hurairah)
(5) (HR. Ahmad, At-Tirmidzi, jeung lianna, jeung hasan shahih nurutkeun 
Asy-Syaikh Al-Albani dina Shahih Sunan At- Tirmidzi, 2/565 no. 2399)
(6) Q.S. Al-A’raf 168)
(7) (HR. At-Tirmidziy no.2396 Ti Anas bin Malik, Silsilah Ash-Shahiihah no.146)
(8) Q.S. Al An'am 152
(9) (HR. At-Tirmidziy no.2396 Ti Anas bin Malik, Ash- Shahiihah no.1220)
(10) ( HR. Bukhari N0 781 & Muslim)
(11) (HR. Bukhari)
(12) Q.S. An Nisa 19
(13) Q.S. Al-Baqarah 155-157
(14) (HR. Muslim no. 918)
(15) Q.S. Alam Nasyrah 5-6
(16) Q.S. Al-Hadid 30
(17) Q.S. Az Zumar 49





“Sungguh mengagumkan perkara seorang mukmin. Sungguh seluruh perkaranya adalah 
kebaikan baginya. Yang demikian itu tidaklah dimiliki oleh seorangpun kecuali 
seorang mukmin. Jika mendapatkan kelapangan ia bersyukur, maka yang demikian 
itu baik baginya. Dan jika ia ditimpa kemudaratan/ kesusahan1 ia bersabar, maka 
yang demikian itu baik baginya.” (HR. Muslim no. 7425)





   


      
___________________________________________________________________________
Dapatkan nama yang Anda sukai!
Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail.com.
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke