US aya anu jago balap motor. Kang Wawan Hermawan. Kamari juara di Cina. Kang Wawan teh tamatan SMA 2 Ciamis, babaturan kuring waktu di OSIS, PASKIBRAKA jeung babaturan neangan awewe. wartana aya di http://www.otomotifnet.com/otoweb/index.php?templet=otosport/Content/0/0/1/7/1949 Inget keur ngora di SMA. Ti Ciamis teh jam 10 peuting nepi ka Bandung jam 1-an jeung Kang Wawan mawa mobil Kuda nu kakara sabulan kaluar ti Show Room. Rencana teh ngajemput jalma penting di bandara. Nepi ka bandung neangan tempat cuci mobil teu manggih. balik deui ka tol. Terus sare di tol Pasteur, isuk-isuk teh gotong royong duaan ngumbah mobil. Da peutingna hujan badag jadi kotor pisan. ti Pasteur nepi ka Bandara 3 jam.....Kusabab teu apal bandung tea. . . . . komo deui ka Bandara..... Di tewak pulisi 2 kali beak 100 rebu. Da teu apal tea jalan Bandung. Tapi da keun bae....da nu di jemputna oge jalma penting. babaturan ti Riau...... kaitung sobat dalit.
hahah jangdede

