Sarua Kang, kuring ti baheula neangan naon nu dimaksud ku ekonomi syariah
tehlebeng euweuh ......

tapi saanggeus lalajo wawancara Safi'i Antonio manahoreng kieu cenah (mun
teu salah)
Ekonomi Islam teh lain barang nu anyar,
barang na mah sarua, bungkeuleukanna sarua, sarua jeung ekonomi nu lain
lamun dijieun titik atawa kutub ekonomi antara kapitalis jeung sosialis
ekonomi syariah aya diantarana ...
mere kabebasan sagede-gedena keur usaha tapi mere oge "perlindungan keur nu
lemah"

ngan dina ekonomi Islam aya prinsip jeung etika etika ekonomi anu syariah
(teu apal kabeh yeuh)
1. pada pada neangan untung, tapi untung sarerea, ekonomi teh lain "zero sum
game"
2. bisnis jalan dinu bener, ku cara bener




On Thu, Nov 6, 2008 at 9:17 AM, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   tah rada caang. nuhun bah. kuring ge, sok mikir, naha ari
> tulisan-tulisan ti aliran syariah nu ngaromongkeun krisis keuangan di as mun
> mere solusi teh ukur cekap ku: 'pake atuh sistem ekonomi syariah' titik.
> bari arang dijelaskeun modelna kumaha, contona jiga di mana. atawa
> nyebutkeun baheula, sabara taun/abad sistem ekonomi islam nanjeur, tahan,
> bisa ngigelan jaman? naha warna eta sistem teh sarupa atawa rugam-ragem?
>
> kuring mah sok mikir, lamun bener sistem ekonomi islam sampurna, urang
> barat, nu sok disebut salaku penghancur islam kacida bodona. belegug beak
> karep, teu bisa nenjo sistem nu euweuh kakurangan pisan ieu. padahal teu
> saeutik ti maranehna nu soson-soson mempelajari islam.
>
> dudi
>
>
> On Thu, Nov 6, 2008 at 8:52 AM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>>   Kunaon topikna janten nagcleng tina balap kana Krisis Ekonomi AS nya ?
>> keun wae bade dipairan. Dina nyarioskeun krisis eu ulah sok dipasuliwerkeun
>> antawis krisis ekonomi, krisis moneter sareng sistim ekonomi...Anu sok aya
>> di media sareng nu sok didungdengkeun di milist2 oge dipabeulitkeun...
>>
>> Sistim moneter dunya pan taun 1947 disapakati yen acuan ekonomi global teh
>> nyaeta US $ anu dikaitkeun kana EMAS $ 35 per troy ounce. tapi dasar AS anu
>> nyekel hak $, manehna anu kuduna matok kana harga emas, kalahka ngitung2
>> kauntungan..cenah meuning teu matok ah..supaya Capitalna nambahan..janten
>> manehna sorangan anu ngalanggar kasapakatan Brentwood 1947. taun 1971 jelas2
>> sistim Brentwood ditinggalkeun ku AS. Dina sistim eta nagara2 anu
>> surplus/defisit ekonomina kudu nyasuaikan nilai mata uangna
>> devaluasi/revalausi ssasuey jeung kasapakatan BW. tapi kabeh Nagara teu
>> ngalakukeun. Anu kabanting jelas nagara2 anu sok defisit wae siga RI ! jadi
>> ambrukna sistim BW kapitalis..kulantaran cilaka ku pamolah sorangan..Ayeuna
>> aya nuansa rek milih Euro, yen atawa Yuan keur cengceman mata uang dunya anu
>> tetep dikaitkeun kana harga emas. tapi disiplinna tetep, siga BW. isuna naha
>> AS ikhlas ?
>>
>> Ari soal ekonomi syariah Islam mah eta mah wacana..Teu acanm aya anu
>> naglungkeun janeten basis Sistim Moneter dunya, kumargi sistem ilmu
>> ekonomina benten pisan. jadi dipraktekeun dina Sub sistim kapitalis jalan
>> malah sae...(Bank2 Syariah di Indo, malaysia)...tapi janten sistem Ekonomi
>> sareng nyipatkeun sistim Moneter dunya..kakaek nepi ka Aspirasi sareng
>> gembar gembor wae....
>>
>>
>>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
>
>  
>

Kirim email ke