tah rada caang. nuhun bah. kuring ge, sok mikir, naha ari tulisan-tulisan ti
aliran syariah nu ngaromongkeun krisis keuangan di as mun mere solusi teh
ukur cekap ku: 'pake atuh sistem ekonomi syariah' titik. bari arang
dijelaskeun modelna kumaha, contona jiga di mana. atawa nyebutkeun baheula,
sabara taun/abad sistem ekonomi islam nanjeur, tahan, bisa ngigelan jaman?
naha warna eta sistem teh sarupa atawa rugam-ragem?

kuring mah sok mikir, lamun bener sistem ekonomi islam sampurna, urang
barat, nu sok disebut salaku penghancur islam kacida bodona. belegug beak
karep, teu bisa nenjo sistem nu euweuh kakurangan pisan ieu. padahal teu
saeutik ti maranehna nu soson-soson mempelajari islam.

dudi

On Thu, Nov 6, 2008 at 8:52 AM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Kunaon topikna janten nagcleng tina balap kana Krisis Ekonomi AS nya ?
> keun wae bade dipairan. Dina nyarioskeun krisis eu ulah sok dipasuliwerkeun
> antawis krisis ekonomi, krisis moneter sareng sistim ekonomi...Anu sok aya
> di media sareng nu sok didungdengkeun di milist2 oge dipabeulitkeun...
>
> Sistim moneter dunya pan taun 1947 disapakati yen acuan ekonomi global teh
> nyaeta US $ anu dikaitkeun kana EMAS $ 35 per troy ounce. tapi dasar AS anu
> nyekel hak $, manehna anu kuduna matok kana harga emas, kalahka ngitung2
> kauntungan..cenah meuning teu matok ah..supaya Capitalna nambahan..janten
> manehna sorangan anu ngalanggar kasapakatan Brentwood 1947. taun 1971 jelas2
> sistim Brentwood ditinggalkeun ku AS. Dina sistim eta nagara2 anu
> surplus/defisit ekonomina kudu nyasuaikan nilai mata uangna
> devaluasi/revalausi ssasuey jeung kasapakatan BW. tapi kabeh Nagara teu
> ngalakukeun. Anu kabanting jelas nagara2 anu sok defisit wae siga RI ! jadi
> ambrukna sistim BW kapitalis..kulantaran cilaka ku pamolah sorangan..Ayeuna
> aya nuansa rek milih Euro, yen atawa Yuan keur cengceman mata uang dunya anu
> tetep dikaitkeun kana harga emas. tapi disiplinna tetep, siga BW. isuna naha
> AS ikhlas ?
>
> Ari soal ekonomi syariah Islam mah eta mah wacana..Teu acanm aya anu
> naglungkeun janeten basis Sistim Moneter dunya, kumargi sistem ilmu
> ekonomina benten pisan. jadi dipraktekeun dina Sub sistim kapitalis jalan
> malah sae...(Bank2 Syariah di Indo, malaysia)...tapi janten sistem Ekonomi
> sareng nyipatkeun sistim Moneter dunya..kakaek nepi ka Aspirasi sareng
> gembar gembor wae....
>
>
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~

Kirim email ke