teuing atuh kuring mah ka PLN teh saumur-umur embung jeung can pernah di audit cenah PLN teh tapi bisa ngomong rugi saumur-umur pausahaan rugi tapi bonus direktur nepi ka milyaran
cik tah atuh ajak mikir anu boga bonus nampuyak teh ari aya masalah we gogoakan ka balarea On Fri, Nov 7, 2008 at 4:17 PM, sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tadi isuk waktu keur macet di jalan, kuring ngadenge di radio yen PLN > arek ngimpor batu bara! > Sakali deui: NGIMPOR BATU BARA...!! Alatan teu bisa meuli ti pausahaan > dalam negeri. Padahal nurutkeun survey U.S. Energy Administration taun 2003 > Indonesia teh produsen batu bara nomer 7 di dunya. Ngahelas euy hate teh... > > Manahoreng pusahaan tambang batu bara teh mending ngajual ka luar negeri > tibatan ka PLN kusabab faktor harga. Atuh PLN teh kalempohan teu bisa nyieun > listrik da suwung batu bara na. Daek teu daek ayeuna rek meuli ti pausahaan > luar negeri (ngimpor). > > Ceuk salah saurang pengamat (poho ngarana), bisa jadi batu bara anu bakal > dibeuli teh asalna ti Indonesia! (Edaasss...coba etah.......!!) > Hal ieu kulantaran pausahaan dalam negeri (anu dipiboga ku asing) > ngalakukeun "transfer pricing" ka anak pusahaanna di luar negeri, tuluy eta > batu bara teh di jual deui ka PLN sanggeus hargana di taekeun. > > Ceuk si pengamat anu phoho ngarana deui, ngajentrekeun yen pamarentah teu > bisa "melindungi" (naon basa Sundana nya?) kapentingan dalam negeri. > > Tah dina hal ieu, belegug beak karep Indonesia mah, batu bara ngalayah di > nagri sorangan tapi teu bisa make. Ari deungeun2 (pausahaan asing) nu ngan > ukur ngorowotan taneuh lubak libuk ku kauntungan ngajualan batu bara. > > Emh....ngahelas....ieu hate......... > > Obay. > > >

