Ragu2 keur percaya..sabab deal sareng PLN mah ribet....benten sareng
PGN...anu langkung ngartos kana produksi dalam negeri....Syarat2 anu sok
dimenta ku PLN teh sakapeung sok ngawang2..Di Indonesia pan aya 2 jenis batu
bara..anu 6000 Kcal sareng anu 4000 Kcal..pausahaan lokal loba pisan anu
produksi 4000 Kcal....

On 11/7/08, sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Tadi isuk waktu keur macet di jalan, kuring ngadenge di radio yen PLN
> arek ngimpor batu bara!
> Sakali deui: NGIMPOR BATU BARA...!! Alatan teu bisa meuli ti pausahaan
> dalam negeri. Padahal nurutkeun survey U.S. Energy Administration taun 2003
> Indonesia teh produsen batu bara nomer 7 di dunya. Ngahelas euy hate teh...
>
> Manahoreng pusahaan tambang batu bara teh mending ngajual ka luar negeri
> tibatan ka PLN kusabab faktor harga. Atuh PLN teh kalempohan teu bisa nyieun
> listrik da suwung batu bara na. Daek teu daek ayeuna rek meuli ti pausahaan
> luar negeri (ngimpor).
>
> Ceuk salah saurang pengamat (poho ngarana), bisa jadi batu bara anu bakal
> dibeuli teh asalna ti Indonesia! (Edaasss...coba etah.......!!)
> Hal ieu kulantaran pausahaan dalam negeri (anu dipiboga ku asing)
> ngalakukeun "transfer pricing" ka anak pusahaanna di luar negeri, tuluy eta
> batu bara teh di jual deui ka PLN sanggeus hargana di taekeun.
>
> Ceuk si pengamat anu phoho ngarana deui, ngajentrekeun yen pamarentah teu
> bisa "melindungi" (naon basa Sundana nya?) kapentingan dalam negeri.
>
> Tah dina hal ieu, belegug beak karep Indonesia mah, batu bara ngalayah di
> nagri sorangan tapi teu bisa make. Ari deungeun2 (pausahaan asing) nu ngan
> ukur ngorowotan taneuh lubak libuk ku kauntungan ngajualan batu bara.
>
> Emh....ngahelas....ieu hate.........
>
> Obay.
>
>  
>

Kirim email ke