Enya anu penting mah ulah nepi kana kayakinan kana Takdir teh terus ngeureunkeun usaha hirup didunya..saeutik2 ..ah ngeus akdir...epesmeer........
On 11/9/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > upami urang bade ngabahas Taqdir, kedah diemut di na dua hal : > 1. Yen Allah teh Maha Adil > 2. Yen Allah teh Maha Kawasa > > Upami Allah Maha Adil, naon atuh margina nangtoskeun jalmi kedah kitu kedah > kieu ? sareng bakal kitu bakal kieu ? > > Upami jalmi anu nangtoskeun sagalana, Allah mah ngan ukur NYIPTA wungkul, > dimana atuh Maha Kawasana Allah ? > > Tah ku margi aya patarosan sakitu, upami ngabahas Taqdir kedah nyepeng > jejeran dua eta nu diluhur, nya eta Maha Adil sareng Maha Kawasa. > > Ku margi kitu, sim kuring nyebatkeun yen Taqdir teh, kajadianana tina Qadha > sareng Qadar. > > Qadha hartosna Allah Maha Kawasa lantaran tindakan naon wae nu dilakukeun > ku manusa AnjeunNa tos Uninga; pilihan naon wae nu dilakukeun ku manusa > masih keneh aya di na Program Anjeunna. > > Qadar, hak pilih manusa ku ngagunakeun BRAIN nu meunang bebas DAMELAN > AnjeunnNa. Tah didieu Maha Adilna Allah. > > Tah ku margi eta, tos kacumponan KaMAHAADILAN sareng KAMAHAKAWASANA Allah > di na waktos anu sami . Tindakan vs Program. > > Mudah2an tiasa katampi, upami henteu , nya atuh da abdi ge sami sareng > sadayana wargi2 masih milarian keneh. Da dugi ka tutup ieu umur moal aya > perena soal "milari" mah............................... > > Da Usaha tea nu diparentahkeun ka urang oge sanes ? > Hasilna mah nya teu langkung Gusti Nu Murbeng Alam, kapan > > >

