AA: Atuh sanes ti dinya kulan; da eta mah langkung ka Penciptaan, sareng ka Maha Kawasa Allah. Urang teh kedah diajar ti na Qur'an; tos kitu kedah dijabarkeun ku urang, nya nganggo otak urang; sareng pangpangna mah nya HUDA ti Gusti Allah. anu Ar Rahiiim. Jelas abdi ge tina Al Qur'an ; mung teu dikhususkeun misalnya surat saanu ayat sakitu. Tapi sacara Global we, teras urang tafakur; da pan tafakur sajam leuwih hade cenah dibanding shalat sataun. Tah di na menekung eta, bakal daratang "Ilham" teh. Insya Allah pedaran Taqdir nu tos diserat ku abdi di Ieu Milis teh PITUDUHNA oge. Amiiin.
--- In [email protected], "kunkun sobirin" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kuring oge bingung naha takdir anu diterjemahkan ukuran dina Quran > versi depag , jadi pre-destination ceuk kang Abbas ? > ieuh tah ayatna QS 15:19, 23:18, 25;2, 42:27 ,54:49 , 73:20 > Sok ah lajengkeun > > On Mon, Nov 10, 2008 at 6:36 AM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Enya anu penting mah ulah nepi kana kayakinan kana Takdir teh terus > > ngeureunkeun usaha hirup didunya..saeutik2 ..ah ngeus > > akdir...epesmeer........ > > > > On 11/9/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > >> > >> upami urang bade ngabahas Taqdir, kedah diemut di na dua hal : > >> 1. Yen Allah teh Maha Adil > >> 2. Yen Allah teh Maha Kawasa > >> > >> Upami Allah Maha Adil, naon atuh margina nangtoskeun jalmi kedah kitu > >> kedah kieu ? sareng bakal kitu bakal kieu ? > >> > >> Upami jalmi anu nangtoskeun sagalana, Allah mah ngan ukur NYIPTA wungkul, > >> dimana atuh Maha Kawasana Allah ? > >> > >> Tah ku margi aya patarosan sakitu, upami ngabahas Taqdir kedah nyepeng > >> jejeran dua eta nu diluhur, nya eta Maha Adil sareng Maha Kawasa. > >> > >> Ku margi kitu, sim kuring nyebatkeun yen Taqdir teh, kajadianana tina > >> Qadha sareng Qadar. > >> > >> Qadha hartosna Allah Maha Kawasa lantaran tindakan naon wae nu dilakukeun > >> ku manusa AnjeunNa tos Uninga; pilihan naon wae nu dilakukeun ku manusa > >> masih keneh aya di na Program Anjeunna. > >> > >> Qadar, hak pilih manusa ku ngagunakeun BRAIN nu meunang bebas DAMELAN > >> AnjeunnNa. Tah didieu Maha Adilna Allah. > >> > >> Tah ku margi eta, tos kacumponan KaMAHAADILAN sareng KAMAHAKAWASANA Allah > >> di na waktos anu sami . Tindakan vs Program. > >> > >> Mudah2an tiasa katampi, upami henteu , nya atuh da abdi ge sami sareng > >> sadayana wargi2 masih milarian keneh. Da dugi ka tutup ieu umur moal aya > >> perena soal "milari" mah............................... > >> > >> Da Usaha tea nu diparentahkeun ka urang oge sanes ? > >> Hasilna mah nya teu langkung Gusti Nu Murbeng Alam, kapan > > > > >

