Kuring oge bingung naha takdir anu diterjemahkan ukuran dina Quran versi depag , jadi pre-destination ceuk kang Abbas ? ieuh tah ayatna QS 15:19, 23:18, 25;2, 42:27 ,54:49 , 73:20 Sok ah lajengkeun
On Mon, Nov 10, 2008 at 6:36 AM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Enya anu penting mah ulah nepi kana kayakinan kana Takdir teh terus > ngeureunkeun usaha hirup didunya..saeutik2 ..ah ngeus > akdir...epesmeer........ > > On 11/9/08, Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> >> upami urang bade ngabahas Taqdir, kedah diemut di na dua hal : >> 1. Yen Allah teh Maha Adil >> 2. Yen Allah teh Maha Kawasa >> >> Upami Allah Maha Adil, naon atuh margina nangtoskeun jalmi kedah kitu >> kedah kieu ? sareng bakal kitu bakal kieu ? >> >> Upami jalmi anu nangtoskeun sagalana, Allah mah ngan ukur NYIPTA wungkul, >> dimana atuh Maha Kawasana Allah ? >> >> Tah ku margi aya patarosan sakitu, upami ngabahas Taqdir kedah nyepeng >> jejeran dua eta nu diluhur, nya eta Maha Adil sareng Maha Kawasa. >> >> Ku margi kitu, sim kuring nyebatkeun yen Taqdir teh, kajadianana tina >> Qadha sareng Qadar. >> >> Qadha hartosna Allah Maha Kawasa lantaran tindakan naon wae nu dilakukeun >> ku manusa AnjeunNa tos Uninga; pilihan naon wae nu dilakukeun ku manusa >> masih keneh aya di na Program Anjeunna. >> >> Qadar, hak pilih manusa ku ngagunakeun BRAIN nu meunang bebas DAMELAN >> AnjeunnNa. Tah didieu Maha Adilna Allah. >> >> Tah ku margi eta, tos kacumponan KaMAHAADILAN sareng KAMAHAKAWASANA Allah >> di na waktos anu sami . Tindakan vs Program. >> >> Mudah2an tiasa katampi, upami henteu , nya atuh da abdi ge sami sareng >> sadayana wargi2 masih milarian keneh. Da dugi ka tutup ieu umur moal aya >> perena soal "milari" mah............................... >> >> Da Usaha tea nu diparentahkeun ka urang oge sanes ? >> Hasilna mah nya teu langkung Gusti Nu Murbeng Alam, kapan > >

