Sunda ON mun keur nyarekan laklak dasar da make basa indonesiamah teu ngeunaheun
________________________________ Dari: mh <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: kisunda <[EMAIL PROTECTED]>; Urangsunda <[email protected]>; [EMAIL PROTECTED] Terkirim: Senin, 17 November, 2008 10:11:40 Topik: [Urang Sunda] Survey: Basa Sunda 'ON/OFF' Nitenan eusi postingan boh di milis Ki Sunda, Urang Sunda, oge Baraya Sunda upama ngadurenyomkeun perkara Basa Sunda, sok mucunghul kasus-kasus jiga kieu: Kasus 1: Kacaritakeun hiji baraya keur laha loho neangan alamat padumukan di hiji wewengkon. Sabot manehna keur alak-ilik, hawar-hawar kadenge sora Ibu-Ibu keur ngobrol jeung baturna make basa Sunda. Eta baraya teh teg we boga kasimpulan yen pasti si Ibu teh urang Sunda. Saterusna eta baraya teh nanyakeun alamat nu diteangan tea ka Ibu-Ibu nu keur ngobrol tea, make basa Sunda. Naon nu matak helok, eata jawaban Ibu-Ibu nu ngobrol make basa Sunda teh robah mode basa Sunda-na OFF, ngajawabna make basa Indonesia. Kasus 2: Carita kadua mah nyaritakeun baraya nu ngadon balanjar di hiji Supermarket kota kabupaten. Sidik cenah eta baraya teh, teu nginjeum ceuli batur, ngadenge jurujual di eta Supermarket make basa Sunda. Ngan nalika si baraya nanyakeun hiji barang nu keur diteangan ka jurujual tea, ngadadak cenah mode basa Sunda-na OFF oge. Si jurujual ngajawabna make basa Indonesia. Jigana wae eta dua kasus di luhur teh, geus lumrah bisa kapanggih dina situasi naon bae. Misalna urang noong nu diskusi di milis, nalika suasana diskusi masih normal, adem ayem diskusi mode basa Sunda masin ON. Upama suasana geus rada naek rada haneut, katara mode basa Sunda mimiti OFF, diskusi geus tukeur kana basa Indonesia. Jigana upama ninggali trend ieu, upamana wae suasana diskusi geus tambah panas jeung tambah panas, mode basa Indonesia oge bakal OFF, bakal tukeu kana mode basa Asing. Upama wae kang Eko nu tukang komputer, rek nyieun model alanisa migunakeun basa alami nu dipake sapopoe, algoritmana bakal jiga kieu: 1. if [suasana normal] then [mode basa sunda ON, Indonesia OFF, asing OFF] 2. if [suasana haneut] then [mode basa sunda OFF, Indonesia ON, asing OFF] 3. if [suasana panas] then [mode basa sunda OFF, Indonesia OFF, asing ON] Cing baraya ayeuna urang nyieun SURVEY leuleutikan, numutkeun nu kapanggih, nu kaalaman ku baraya sewang-sewangan, dina situasi naon wae komunikasi make basa Sunda ON/OFF teh? Nu kaduana, cing inget-inget ari urang ngimpi make basa naon? salam, mh ___________________________________________________________________________ Dapatkan nama yang Anda sukai! Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail.com. http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

