(1) IF Basa sunda = ON Then "Pami anu diajak ngobrolna urang sunda" ELSEIF Basa sunda = OFF Then "Pami nu diajak ngorbolna teu bisaeun basa sunda" ELSE "Kumaha Tempat,kumaha anu diajak ngobrolna,kumah sikon" ENDIF
(2) Nganggo basa ngimpen meureun mang h he he he........ baktos ern On Mon, Nov 17, 2008 at 10:11 AM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Nitenan eusi postingan boh di milis Ki Sunda, Urang Sunda, oge Baraya > Sunda upama ngadurenyomkeun perkara Basa Sunda, sok mucunghul > kasus-kasus jiga kieu: > > Kasus 1: > Kacaritakeun hiji baraya keur laha loho neangan alamat padumukan di > hiji wewengkon. Sabot manehna keur alak-ilik, hawar-hawar kadenge sora > Ibu-Ibu keur ngobrol jeung baturna make basa Sunda. Eta baraya teh teg > we boga kasimpulan yen pasti si Ibu teh urang Sunda. Saterusna eta > baraya teh nanyakeun alamat nu diteangan tea ka Ibu-Ibu nu keur > ngobrol tea, make basa Sunda. Naon nu matak helok, eata jawaban > Ibu-Ibu nu ngobrol make basa Sunda teh robah mode basa Sunda-na OFF, > ngajawabna make basa Indonesia. > > Kasus 2: > Carita kadua mah nyaritakeun baraya nu ngadon balanjar di hiji > Supermarket kota kabupaten. Sidik cenah eta baraya teh, teu nginjeum > ceuli batur, ngadenge jurujual di eta Supermarket make basa Sunda. > Ngan nalika si baraya nanyakeun hiji barang nu keur diteangan ka > jurujual tea, ngadadak cenah mode basa Sunda-na OFF oge. Si jurujual > ngajawabna make basa Indonesia. > > Jigana wae eta dua kasus di luhur teh, geus lumrah bisa kapanggih dina > situasi naon bae. Misalna urang noong nu diskusi di milis, nalika > suasana diskusi masih normal, adem ayem diskusi mode basa Sunda masin > ON. Upama suasana geus rada naek rada haneut, katara mode basa Sunda > mimiti OFF, diskusi geus tukeur kana basa Indonesia. Jigana upama > ninggali trend ieu, upamana wae suasana diskusi geus tambah panas > jeung tambah panas, mode basa Indonesia oge bakal OFF, bakal tukeu > kana mode basa Asing. > > Upama wae kang Eko nu tukang komputer, rek nyieun model alanisa > migunakeun basa alami nu dipake sapopoe, algoritmana bakal jiga kieu: > > 1. if [suasana normal] then [mode basa sunda ON, Indonesia OFF, asing OFF] > 2. if [suasana haneut] then [mode basa sunda OFF, Indonesia ON, asing OFF] > 3. if [suasana panas] then [mode basa sunda OFF, Indonesia OFF, asing ON] > > Cing baraya ayeuna urang nyieun SURVEY leuleutikan, numutkeun nu > kapanggih, nu kaalaman ku baraya sewang-sewangan, dina situasi naon > wae komunikasi make basa Sunda ON/OFF teh? > > Nu kaduana, cing inget-inget ari urang ngimpi make basa naon? > > salam, > mh > >

