Karajaan Purwasanggarung
3 10 2007

Nyaritakeun ngeunaan Sangkuriang, teu bisa dipisahkeun reujeung Dayang
Sumbi, salah sahiji carita rahayat Jawa Barat nu nyaritakeun hiji anak
nu bogoh ka indung. Tapi da ieu mah  rek nyaritakeun sangkuriang di
Kuninngan. Nurutkeun cari lisan di Kacamatan Cimahi jeung
sabudeureunana lain bae dianggap hiji sasakala, tapi mangrupakeun hiji
bagean sajarah paradaban manusa nu ngawakilan jamanna.

Sangkuriang jeung Dayang Sumbi bisa disebutkeun runtuyan sajarah nu
mibanda makna pilosofi nu kudu diguar leuwih jero katut niley-niley
budaya hiji seler bangsa. Carita Sangkuriang, lamun ditengetan tina
bukti-bukti pisik nu ngarupakeun pasir atawa gunung jeung
tempat-tempat anu aya patula-patalina hiji kahirupan manusa keur
mangsa harita geus nyampak di eta lelewek. Ngan sajarahna tacan
kakoreh, antukna pareumeun obor. Padahal lamun sasakala Sangkuriang
dikobet bakal kapanggih.

Geus kailaharan yen baheula ngadegna hiji padukuhan atawa pakampungan
nyoko kana sababaraha hal. Diantarana bae ayana sarana transportasi,
tempatna datar jeung subur, deukeut ka tempat ngamalir atawa bijilna
cai ti sungapan. Tilu hal poko eta mangrupakeun ciri utamana ayana
kahirupan. Samemeh ayana karajaan Seuweukarma di Kuningan, geus aya
karajaan.

Karajaan mangsa harita, nya eta karajaan Purwasanggarung.
Lebah-lebahna deukeut kakarajaan, nyaeta deukeut ka Leuwi Sanggarung
atawa kiwari disebutna Cisanggarung perenahna aya di Kacamatan Cidahu
Kabupaten Kuningan. Karajaan Purwasanggarung masih kaereh ka karajaan
Tarumanagara nu ngadeg taun 363-669 M. Keur mangsa karajaan
Tarumanagara nanjung nepi ngawasa kana 50-an karajaan laleutik kaasup
Purwasanggarung. Karajaan Purwasanggarung lega wilayahna ti beulah
wetan jeung kidul Situ Malahayu, ayeuna Kabupaten Brebes Jawa Tengah,
beulah kaler, wetan Cipamali. Sedengkeun kabeulah kulon satungtung
leuwi Sanggarung.

Ku naon ngadeg kaarajaan Purwasanggarung tuluy jadi patalukan karajaan
Tarumanagara? Kaerehna Purwasanggarung ka Tarumanagara alatan pasukan
ti Tarumanagara gampang ngajugjug ka eta patempatan. Sabab
Purwasanggarung, mangsa harita perenahna aya di basisir atawa deukeut
ka laut.

Numutkeun peta nu dijieun ku Belanda Taun 1800-an. Jeung catetan
Laksama Ceng Ho, nu kungsi disimpen di Kuil Sam Po Kong Jawa Tengah,
tuluy di bawa ka Belanda. Samemeh ayana daerah Cirebon, daerah eta
kasebutna basisir jeung sabagean deui masih ngarupakeun lautan. Kawas
daerah Ciledug, Losari keur taun 363-an tacan aya ngaran daerah eta
tapi laut. Ngan ku tuluy-tuluyan abrasi atawa laut kaurugan jeung
bituna Gunung Ciremai. Samemehna laut teh, jadi daratan.

Mangsa karajaan Purwasanggarung dipingpin ku raja Gorawa. Raja Gorawa
taat jeung tumut ka raja Tarumanagara. Salah sahiji bukti kasatianana,
keur mangsa Karajaan Tarumanagara dipingpin ku Wisnuwarman dibaruntak
ku mamangna keneh nya eta Cakrawarman. Gorawa belapati milu numpurkeun
pemberontakan nu dilakukeun ku Cakrawarman. Raja Gorawa mibanda dua
anak nyaeta Surayuda jeung Sri Punta Maharani nu satuluyna disebut
Dayang Sumbi.

Karajaan Purwasanggarung, mingkin nyambuang ngarana lantaran
kageulisan Dayang Sumbi ngelehkeun sagalana. Kulantaran geulis
kawanti-wanti, endah kabina-bina, Dayang Sumbi rea nu mikahayang boh
ku para narpati ti unggal karajaan, atawa cacah kuricakan. Salian
mibanda rupa hade oge paripolah sapopoena matak pikayungyuneun.

Ngan aya saeutik nu matak ramana, raja Gorawa rada hariwang ka putri
bungsuna nu keur sumedeng ligar, lamun dipapadekeun kana kembang mah.
Dayang Sumbi narah diamprok-amprok ka lalaki sing saha bae. Karesepna
teh, tinimbang nemonan lalaki nu ti pasosore hayang pajonghok jeung
miharep sangkan leah manah narima jadi prameusuri. Dayang Sumbi leuwih
atoh ka leuweung atawa mujasmedi di pasanggrahanana.

Sikep Dayang Sumbi leuwih loyog kana urusan kaagamaan. Inyana sering
mujasmedi, ngadeukeutkeun diri ka para dewa-dewi tinimbang ngurusan
karajaan atawa lalaki nu ngan ukur hayang ngajadikeun pramesuri.
Dayang Sumbi sering mujasmedi di daerah Cipamali atawa kiwari mah
disebutna Lebak Cipamali. Keur harita mah Cipamali mangrupakeun daerah
nu liuh linduh, cai cur-cor ti mana mendi.

Daerah Cipamali kalingkung ku leuweung Kandang Kidang jeung
Cikamulyan. Salian ti Dayang Sumbi nu sok datang ka eta tempat, raja
Gorawa oge sok kacaritakeun kongsi ngulampreng ka dinya, hususna ka
leuweung kandang kidang, nu niatna rek moro sasatoan. Memang
kacaritakeunana Kandang Kidang mah rea sasatoanana, hususna kidang.

Hiji waktu Dayang Sumbi, geus ngarasa tugenah alatan rea lalaki nu
datang ka Purwasanggarung hayang mileuleuheungkeun dirina, sangkan
daek jadi permaesuri. Dayang Sumbi tuluy bae amitan ka nu jadi ramana,
Raja Gorawa sangkan diidinan rek tetep renggenek di Cipamali,
alesanana nu diasongkeun sangkan leuwih husu dina ngajalankeun agama.

Sakumaha dihalangan ku ramana miwah kangjeng ibu, Dayang Sumbi keukeuh
maksa. Antukna ibu ramana leah, tapi diomat-omatan sangkan ulah nyieun
codeka nu baris ngagejretkeun harkat martabat saurang putri raja.
Dayang Sumbi, miang ka Cipamali dibaturan ku sababaraha emban jeung
prajurit karajaan Purwasanggarung. Tapi satutasna anjog ka nu dituju,
para dayang katut prajurit disina mulang deui ka karajaan.

Ti harita, Sri Punta Maharani ngalandih ngaran jadi Dayang Sumbi.
Robahna eta ngaran mangrupakeun hiji tarekah sangkan para narpati ti
unggal karajaan leungiteun tapak keur nyusud dirina. Dayang Sumbi, di
Cipamali unggal poena ngayakeun mujasmedi ngaraketkeun diri ka Dewa
Siwa jeung Dewa Brahmana.

Singget carita, ku kaayaan Dayang Sumbi nu salirana murub mubyar ku
cahaya alatan kaweningan hate jeung pikiran salila ngalaksanakeun
mujasmedi ngabalukarkeun Dewa Batara kapincut hatena, kagendam rasana
ku Dayang Sumbi. Kahayang Dewa Batara patojaiah jeung palaturan
kahiyangan. Yen dewa teu bisa mikabogoh bangsa manusa.

Lantaran Dewa Batara masket ka Dayang Sumbi, dirina sering ngadatangan
Dayang Sumbi dina mujasmedina. Antukna dina hiji waktu, Dayang Sumbi
kapulesan tug tepi sapatemon jeung Dewa Batara dina impian. Eta impian
ngarupakeun cikal bakal kajadian Sangkuriang kabeurangan. Lantaran
carita satuluyna Dewa Batara dihukum ti kahiyangan kudu turun ka bumi
tapi lain mangrupakeun manusa, nyaeta sato nu ngarupakeun anjing.
Sedengkeun balukar pikeun Dayang Sumbi, ngandung si utun inji.

Sato nu mangrupakeun anjing teh, satulyna dibere ngaran si Tumang nu
engkena jadi bibit buit pasualan. Sakolebatan mah runtuyan carita
Dayang Sumbi ampir sarua jeung carita nu aya di Bandung. Pikeun
ngabedakeunana, nu nulis hayang ngaguar tempat-tempat nu aya
patula-patalina jeung Tangkubanparahu. Sedengkeun caritana ngeunaan
Dayang Sumbi jeung Sangkuriangna mah dituluykeun dina edisi husus.***

cita: http://wartadesa2007.wordpress.com/2007/10/03/karajaan-purwasanggarung/


On Tue, Nov 25, 2008 at 4:42 PM, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> --- In [EMAIL PROTECTED], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> Legenda Sangkuriang Juga Ada di Kuningan
>
>>
>> Kalau begitu, mana yang benar, apakah legenda Sangkuriang milik
>> Bandung atau Kuningan? Tampaknya, kita akan sulit mencari
>> kebenarannya.
>
> Ari kangaranan legenda jeung mitologi mah teu bisa dipimilik ku hiji
> kelompok.
>
> Ayeuna sacara mikro ge geus katempo yen kapimilikan dongeng jeung
> legenda teh milik balarea. Mun ngabandingkeun jeung mitologi2 sejen
> sakulibek dunya, BREH bakal katempo yen mitilogi jeung legenda teh
> MILIK bangsa manusa sagemblengna.
>
> Dongeng Sangkuriang ge aya di Yunani.
>
> Makana, ULAH ngarasa maneh pangbenerna. Kabudayaan jeung
> 'peradaban'manusa mah teu bisa mucunghul kitu wae sosoranganan. Budaya
> (kaasup agama) manusa pajuriwet silih pangaruhan.
>
> baktos,
>
>
> Rahman
>
>
> ------------------------------------
>
> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
> http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda
>
>
> [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Kirim email ke