Punten sakedik diralat, carita Sangkuriang di Banten sanes ti wewengkon
Pandeglang tapi Serang. Hartosna wewengkon kajadiaana di wilayah kabupaten
Serang ayeuna. Judulna nu sami sareng buku mah Nyi Hartati dan Sangkuriang.
Eusi carita rada benten sareng versi van Bandung.
Dinatawisna:
1. Nyi Hartati numpak parahu, dihiji tempat nu ayeuna ngarana Waringin Kurung
eureun. Parahu dibawa ka darat terus ditangkubkeun jadi gunung Tangkupan
Parahu. Nyi Hartati neangan gawe, meunang jadi tukang tenun. Ti dieu carita
sami sareng nu di Bandung, Nyi Hartati keur nenun parabot nenunna ragrag,
hoream nyokot, sing saha wae nu mangnyokotkeun rek dijieun salaki....tepi ka
hiji anjing datang mawa alat tenun nu ragrag eta.
2. Si Tumang nagih janji, Nyi Hartati bingung.Ti harita gunung Tangkupan Parahu
jadi gunung Pinang. Nya nyanggupan asal dipangnyieun keun situ di daerah
Bulakan, dibere waktu tepika saacan panon poe bijil. Si Tumang
nyanggupan, ngabendung daerah Bulakan. Nyi Hartati geuwat nyieun kaen
beureum sanggeus rengse terus indit ka daerah Bulakan. Di hiji tempat kaen
beureun dibeberkeun terus ngabejaan si Tumang yen manehna geus gagal sabab
fajar geus datang. Si Tumang ngarasa dibohongan, terus ngungudag Nyi Hartati nu
akhirna Nyi Hartati narima jadi pamajikan si Tumang.
3. Boga anak lalaki ngaran Sangkuriang, sami moro kidang teu meunang, nu
akhirna Sangkuriang mawa daging si Tumang. di takol ku siwur jeung di usir.
4. Sangkuriang indit ka wewengkong Ciujung, sedengkeun Nyi Hartati netep di
Bulakan. Hiji mangsa di wewengkon Krenceng, Ciwandan keur loba nu digarawe, Nyi
Hartati muka warung sangu. Sangkuriang meunang oge pagawean di wewengkon eta,
jeung sok dahar di warung Nyi Hartati. Laun-laun bobogohan, akhirna kabuka oge
yen Nyi Hartati teh indungna Sangkuriang. Sangkuriang balik deui ka Ciujung,
Nyi Hartati balik deui ka Bulakan. Cai walungan Ciujung teu kungsi tepung jeung
Rawadanau. Walungan Ciujung diibaratkeun budak, Rawadanau indung.
Sakieu cekap kang MH..hehe.
Abdi kantos amengan ka daerah Waringin Kurung mah, muhun leres di kab Serang.
Perkawis situ Rawadanau mah carita lain deui, tapi mirip kajadian Dayang Sumbi.
Upami Dayang Sumbi mah raja nu kabelet pipis, Nyi Hartati mah Syeh Muhidin ti
nagri Arab nu papang dina batok teh. Sami ari nu jadi pelakon indungna mah
bagong. Janten carita Kajadian situ Rawadanau sareng carita Nyi Hartati jeung
Sangkurinag aya hubunganana.
Mangga we pilarian bukuna karangan Endang Firdaus, terbitan Grasindo. Aya 3
buku ipis ngeunaan carita rakyat ti Banten teh. Dua carita eta (Nyi Hartati
jeung Sangkuriang, Situ Rawadanau) aya dina buku nu ka-2.
Haturnuhun,
Siporenges
Cing kang Brad, rada ngadongeng nu panjang, kumaha carita Sangkuriang
> van Banten teh?
>
> salam,
> mh