Jigana urang Garut rada 'kuuleun' yeuh, palebah legenda Sangkuriang mah.

Asa can ngadenge aya dongeng Sangkuriang di wewengkon Garut. Atawa
uing hungkul nu 'kuuleunana', boa-boa di wewengkon Garut oge aya
dongengna.

Cing baraya 'domba' Garut, sugan aya beja, aya teu dongeng Sangkuriang
di wewengkon Garut?

salam,
mh

On Wed, Nov 26, 2008 at 12:28 PM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kutan kitu, Kang Brad "Pritt"? Aya Sangkuriang van Banten oge?
>
> Cing urang kumpulkeun:
>
> 1. Sangkuriang van Bandung
> 2. Sangkuriang van Kuningan
> 3. Sangkuriang van Sumedang
> 4. Sangkuriang van Banten
> 5. Sangkuriang van Yunani
>
> Cing kang Brad, rada ngadongeng nu panjang, kumaha carita Sangkuriang
> van Banten teh?
>
> salam,
> mh
>
> On Wed, Nov 26, 2008 at 12:09 PM, brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> Di Banten, mun teu lepat mah di Pandeglang aya oge carita Sangkuriang. Tapi
>> ieu mah Sangkuriang sareng Nyi Hartati(?) sanes Dayang Sumbi. Caritana ampir
>> sami sareng Sangkuriang versi Bandung.
>>
>> Kitu oge gunung Sunda di Banten oge aya gunung Sunda, asana mah nu ayeuna
>> disebat gunung Pulosari. Kumargi sok dilimpudan mega bodas disebat we gunung
>> Sunda. Sunda = bodas.
>>
>>
>> sumber: buku carita rakyat Banten/Pandeglang & sumber-sumber sanes
>>
>> siporenges
>>
>>
>

Kirim email ke