Baraya... Kumaha daramang?

Kuring rek usulan, kumaha mun lampiran anu kaci dikirimkeun ka milis diwates
paling gede 200 kb? Naha bet 200 kb? Anggap bae sakitu teh henteu leutik
teuing, tapi oge henteu gede. Hal ieu utamana pikeun ngaragangan ka nu
sambungan internetna teu ngabulungbung kawas di kantor2. Karunya bisi gara2
ngiluan milis jadi asa digarong pulsana. Ongkoh deuih lampiran teh biasana
ukur kitu2 bae (hampura, lain maksud ngaleutikkeun ajen eusina). Lamun
sakirana lampiran teh penting, cukup dibewarakeun bae. Ka nu peryogi/palay,
kari ngajapri ka nu nawisan.

-- 
sikandar
kuncen #5

Kirim email ke