Memang sababaraha lampiran kaetang sae ceuk ukuran sim kuring, contona kintunan
ti Cep Jodi ku sim kuring diturutan Power Point-na
roro_rohmah wrote:
> Sapuk, Kang Kumi. Abdi nembe mendakan aya nu ngintunkeun ka milis
> dugi ka 700kb?! Punten we, teras didelete. Baraya, sing hawatos kanu
> sanes atuh... da bageur. Pami bade ngintun teh dicek heula sabaraha
> kilo...syukur2 mung sa-ons eun mah, maklum tuda teu sadayana tiasa
> ngakses internet bebas. Satalung nu sok ngadepongan kompi mah kantun
> ngarupusan, lebetkeun kana wadah runtah. Beres.
> ro2
> kuncenwati
> --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com , "Kumincir Wikidisastra"
> <[EMAIL PROTECTED] .> wrote:
>>
>> Baraya... Kumaha daramang?
>>
>> Kuring rek usulan, kumaha mun lampiran anu kaci dikirimkeun ka
> milis diwates
>> paling gede 200 kb? Naha bet 200 kb? Anggap bae sakitu teh henteu
> leutik
>> teuing, tapi oge henteu gede. Hal ieu utamana pikeun ngaragangan
> ka nu
>> sambungan internetna teu ngabulungbung kawas di kantor2. Karunya
> bisi gara2
>> ngiluan milis jadi asa digarong pulsana. Ongkoh deuih lampiran teh
> biasana
>> ukur kitu2 bae (hampura, lain maksud ngaleutikkeun ajen eusina).
> Lamun
>> sakirana lampiran teh penting, cukup dibewarakeun bae. Ka nu
> peryogi/palay,
>> kari ngajapri ka nu nawisan.
>>
>> --
>> sikandar
>> kuncen #5
>>
>
Bersenang-senang di Yahoo! Messenger dengan semua teman. Tambahkan mereka
dari email atau jaringan sosial Anda sekarang!
http://id.messenger.yahoo.com/invite/