Sapuk, Kang Kumi. Abdi nembe mendakan aya nu ngintunkeun ka milis dugi ka 700kb?! Punten we, teras didelete. Baraya, sing hawatos kanu sanes atuh... da bageur. Pami bade ngintun teh dicek heula sabaraha kilo...syukur2 mung sa-ons eun mah, maklum tuda teu sadayana tiasa ngakses internet bebas. Satalung nu sok ngadepongan kompi mah kantun ngarupusan, lebetkeun kana wadah runtah. Beres.
ro2 kuncenwati --- In [email protected], "Kumincir Wikidisastra" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Baraya... Kumaha daramang? > > Kuring rek usulan, kumaha mun lampiran anu kaci dikirimkeun ka milis diwates > paling gede 200 kb? Naha bet 200 kb? Anggap bae sakitu teh henteu leutik > teuing, tapi oge henteu gede. Hal ieu utamana pikeun ngaragangan ka nu > sambungan internetna teu ngabulungbung kawas di kantor2. Karunya bisi gara2 > ngiluan milis jadi asa digarong pulsana. Ongkoh deuih lampiran teh biasana > ukur kitu2 bae (hampura, lain maksud ngaleutikkeun ajen eusina). Lamun > sakirana lampiran teh penting, cukup dibewarakeun bae. Ka nu peryogi/palay, > kari ngajapri ka nu nawisan. > > -- > sikandar > kuncen #5 >

