Baraya, pasti kungsi ngalaman sakola lin? Atuh tangtu we, mana bisa mimilisan ge, apan ladang sakola nya, Hahaha.
Lain, kieu ieu teh, bejana di urang urusan sakola teh rek ditingkatkeun cenah ajenna, majar anggaranna nepi ka 20% ti anggaran nagara. Tah najan urang ukur rakyat negeri milis, sugan we aya ideu-ideu hade nu pakait jeung urusan ningkatkeun sakola. Sugan we atuh, upama aya ideu hade mah, engke aya nu bisa nyalurkeun ideu-ideuna ka lembaga nu pakait jeung urusan sakola. Keur saheulaanan, cing urang padungdengkeun, numutkeun pangalaman baraya kabeh nalika sakola, hal-hal naon wae nu nyugemakeun, kitu deui nu pikasebeleun nu kapanggih di sakola urang jaman harita. Jeung naon kira-kira angen-angen atawa harepan baraya kabeh pikeun dunya sakola dilembur urang. Der baraya, geura guar pangalamanana. salam, mh

