Kiwari, Bandung jeung sabudereunana keuna ku bancang pakewuh alatan
banjir… naon anu jadi sabab aya kajadian banjir di Bandung..?
ahh… budak leutik ge nyahoeun, nya tangtu cai anu jadi sababna
mah. Ngan nya kitu, naha kunaon eta cai tepi ka bisa ngeueum
Bandung anu sakitu legana…? Sedengkeun sababaraha bulan anu geus
kaliwat, dina usum katiga, Bandung kakurangan jeung sangsara ku cai anu
bersih. Jadina teh… sangsara ku lobana, susah ku sabab
kakurangan….
Ngan nya kitu… sok jadi matak tugenah… da geuning taya pisan
usaha jeung tarekah ti masyarakatna, geus puguh ning ti
pamarentah mah, da memang geus lain arep-arepkeuneun ari
pamarentah mah….
Anu sok matak hookeun mah…. Enya kuring anu hookeun teh, da ari
batur mah nya teuing ku karepna wae… eta kuring sok
hookeun ku polah inohong ti rengrengan organisasi kaagamaan
(Islam) sigana teh hare-hare wae… sigana, ceuk
pikirna banjir jeung kakurangan cai mah lain urusan agama…. Padahal,
pan banjir jeung kakurangan cai teh teu kurang nyangsarakeun
model tunggara alatan teu boga duit, intina mah sarua matak
katalangsara…. malah jadi alatan ngancam kasalametan balarea… 
Sedengkeun anu ngarana katalangsara pan mangrupa hiji sabab anu bisa
nimbulkeun kakufuran…??
Mun banjir jeung kakurangan cai diantarana alatan leuweung anu gundul
bulistir teu kaurus jeung teu diurus…. kira-kira eta kaasup
masalah ka-agama-an lain..??

...... kuring,
...... anu paeh panasaran alatan cai...

Kirim email ke