haturan teh Roro, damang...? tos laminya urang teu patepang....muhun patepang didieu wae di bakus, da tepang raray mah teu acan.......he heDupi, emih nganggo kocokan endong teras didadarkaeun dina katel, eta naon namaina...? ipeut(anu sono) --- On Mon, 15/12/08, Roro Rohmah <[email protected]> wrote: From: Roro Rohmah <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] Omelet vs Telur Dadar To: [email protected] Date: Monday, 15 December, 2008, 5:06 PM
Kang Tata, sakaterang abdi mah endog dadar teh nyaeta endog & uyah nu dikocok antawis bobodasna & beubeureumna teh pacampur (biasana mung dikocok ku garpuh/sendok). Teras didadarkeun dina katel/pan janten rada ageung & ipis, nembe ditilepkeun. Pami Omelette atanapi Omelet (meh gampil) mah, sami sareng endog dadar tapi ditambihan ku rupi2 bahan2 sanes sapertos suung, sosis/Tuna, kiju, susu, susu, tomat srdd, sakumaha nu dipikahoyong kunu ngadamelna. Numawi ku abdi dijantenkeun bahan dongeng teh, pami ku Peda mah asa rada aneh kituw... sihoreng eta kumaha "kabiasaan" di unggal kulawarga kumaha ngokolakeun endog janten rencang sangu. Geuning di kulawarga Kang Yana mah tos biasa Peda teh janten Omelette. Pami endog ceplok mah di kulawarga abdi mah = telor mata sapi. Endog nu digusruk = orak-arik. salam, ro2 >>> [email protected] 12/12/08 04:38PM >>> Cing naon bentenna " Omelette" sareng " Telur Dadar " ? Get your new Email address! Grab the Email name you've always wanted before someone else does! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

