Saur rerencangan anu dumuk samentawis di Perancis kapaungkur sakola
cenah..aya hiji kalakuan urang perancis kota paris anu sigana resik..mun
urang natamu...sok dipiwarang muka sapatu..ulah nincak karpet sapertos
lazimna US. Beten na diurang mah tibalik, lamun aya semah bade ngalocotan
sapatuna buru2 urang nimbrung " Wios atuh dianggo wae kalebet !" (Dina hate
; kotor siah). waktos ditaros ka maranehna kunanon miwarang locot sapat ?.
Jawabna terus terang yen di paris teh loba Tai Anjing dijalan !

On 12/16/08, roro_rohmah <[email protected]> wrote:
>
>   Aeh, muhun nembe emut... Kang Tata teh apanan nu linggihna di
> Perancis tea nya... Paingan langsung masihan teteguhan.
> Wah, nuhun pisan resepna. Ke wang cobian iraha-iraha, jigana raos
> bin pelem.Duka pami letah urang mah teu matak leneng kitu? Eta we
> nganggo sabangsaning cream2an.
>
> Duh, ni hoyong abdi ka Perancis...
> Numawi nembe dugi ka Parapatan Ciamis...heuheu.
>
> ro2
>
>
> --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, Tata
> Noers <tatano...@...> wrote:
> >
> >
> >
> >
> >
> > 1 . Numutkeun resep “ NHI na Perancis  mah "
> > bentenna teh, upami omelette waktos dikocokna ditambihan “
> cream - aya oge
> > anu ku susu sapi, tapi kirang pelem â€" kinten kinten sasendok
> makan cream
> > kanggo, opat endog hayam  “ ari eusina
> > mah naon bae kumaha karesep - nu biasa sok ku keju.
> >
> > Â
> >
> > 2. Oge upami eta orak arik ditambihan cream,
> > sareng minyak gorengna ku butter, disebatna “ Scrambeled Eggs,Â
> ari dituangna enjing enjing â€" breakfast /
> > petit dÃ(c)jeuner â€" sareng toast -   supados keuna kana letah
> urang, tiasa
> > dicocolkeun heula kana saos Sriracha, nu rada amis lada.
> >
> > Â
> >
> > Wilujeng tuang ah !
>
>  
>

Kirim email ke