1 . Numutkeun resep “ NHI na Perancis mah "
bentenna teh, upami omelette waktos dikocokna ditambihan “ cream - aya oge
anu ku susu sapi, tapi kirang pelem – kinten kinten sasendok makan cream
kanggo, opat endog hayam “ ari eusina
mah naon bae kumaha karesep - nu biasa sok ku keju.
2. Oge upami eta orak arik ditambihan cream,
sareng minyak gorengna ku butter, disebatna “ Scrambeled Eggs, ari dituangna
enjing enjing – breakfast /
petit déjeuner – sareng toast - supados keuna kana letah urang, tiasa
dicocolkeun heula kana saos Sriracha, nu rada amis lada.
Wilujeng tuang ah !
--- Pada Sen, 15/12/08, Roro Rohmah <[email protected]> menulis:
Dari: Roro Rohmah <[email protected]>
Topik: Re: [Urang Sunda] Omelet vs Telur Dadar
Kepada: [email protected]
Tanggal: Senin, 15 Desember, 2008, 11:06 AM
Kang Tata, sakaterang abdi mah endog dadar teh nyaeta endog
& uyah nu dikocok antawis bobodasna & beubeureumna teh pacampur (biasana
mung dikocok ku garpuh/sendok) . Teras didadarkeun dina katel/pan janten rada
ageung & ipis, nembe ditilepkeun.
Pami Omelette atanapi Omelet (meh gampil) mah, sami
sareng endog dadar tapi ditambihan ku rupi2 bahan2 sanes sapertos suung,
sosis/Tuna, kiju, susu, susu, tomat srdd, sakumaha nu dipikahoyong
kunu ngadamelna. Numawi ku abdi dijantenkeun bahan dongeng teh, pami ku
Peda mah asa rada aneh kituw... sihoreng eta kumaha "kabiasaan" di
unggal kulawarga kumaha ngokolakeun endog janten rencang sangu. Geuning di
kulawarga Kang Yana mah tos biasa Peda teh janten Omelette.
Pami endog ceplok mah di kulawarga abdi mah = telor mata
sapi.
Endog nu digusruk = orak-arik.
salam,
ro2
>>> tatano...@yahoo. co.id 12/12/08 04:38PM
>>>
Cing naon bentenna " Omelette" sareng " Telur Dadar "
?
Apa dia selingkuh? Temukan jawabannya di Yahoo! Answers.
http://id.answers.yahoo.com