Hehehe, naha leres kitu eta teh fakta Bah? Upama aya urang Sunda darehdeh ngaku ka semah, eta teh KABEH pupulasan, ukur manis di mulut? Na nu darehdeh teh tos teu aya dikieuna kitu? Cing ah mangga pedar.
Aya dongeng Bah, di ieu milis kungsi guyur, pedah aya nu nulis perkara wanoja sunda nu rada tendensius. Tah ninggali ieu kasus, uing jadi inget, bisa jadi sumberna ti urang sunda - urang sunda keneh nu sok resep heureuy ngageuhgeuykeun dirina. Nu antukna dicutat ku batur, hasilna? Barendu sanes. salam, mh On Wed, Dec 17, 2008 at 12:38 PM, H Surtiwa <[email protected]> wrote: > Kunaon urang sieun ku fakta ? Pan cenah ceuk anu bijak tong sieun ditanya > tong sieun dipoyok, ati2 lamun dipuji ! Mun ditanya , nya jawab wae sacara > rationale, mun dipoyok biasana aya lampah urang atawa pipikiran anu alus, > mun dipuji ati2 dilenyepan heula, naon motip mujina.. > > On 12/17/08, mh <[email protected]> wrote: >> >> On Wed, Dec 17, 2008 at 9:51 AM, H Surtiwa <[email protected]> wrote: >> > Beten na diurang mah tibalik, lamun aya semah bade ngalocotan >> > sapatuna buru2 urang nimbrung "Wios atuh dianggo wae kalebet!" >> > (Dina hate kotor siah). >> >> Punten baraya, jigana kudu rada dieureunan pagawean NELUH MANEH teh. >> Sabab najan meureun maksudna heureuy, lila-lila mah bisa jadi >> kabiasaan, hayoh dianggap bener, yen urang Sunda sok resep munapek, >> lain nu diucapkeun lain nu dimaksud. Nu antukna hayoh jadi rujukan >> batur. Upama geus kitu, hayoh ke ditulis ku batur dina artikel yen >> Urang Sunda munapek, pasti barendu nya. Padahal eta penilaian batur >> teh, meureun sumberna nya datangna ti urang-urang keneh. >> >> salam, >> mh >

