di daerah bandung kaler loba tujuan wisata. tah pikeun pere minggu hareup, aya 
objek wisata alam. bisi aya nu acan ngulampreng, nu kamari didatangan mah curug 
cimahi. 

 

Curug Cimahi lebahna di lebakeun jalan antara Parongpong Cimahi. Nya di gawir 
pas tikungan jalan Kolonel Masturi di wewengkon eta aya jambatan, tah walungan 
jambatan eta nu boga curug dua tingkat katelah Curug Cimahi, atawa cek basa 
inggris mah meureun Enough Water Falls. Tas pengkolan aya tempat parkir, loba 
angkot oge mangkal di dinya.

 

Mayar Rp 3.000 saurang. Seubeuh tilu rebu perak oge. nenjo pamandangan gigireun 
curug. Gawir batu cadas, jeung tatangkalan hejo ngemploh.

Ka lokasi curug, make jalan turun lebarna sameteran nu make tatapakan batu.  
Cenah jauha turun teh 540meter ti sisi jalan aspal ka tempat balong curug nu 
terus jadi walungan. 

 

Indit mah resep, da turun, tapi palebah naek atawa balik, beuki resep. Cocog 
pisan pikeun nguji tuur. Utamana kanu sapopoe diuk dina korsi roda di kantor, 
dijamin gempor. Heuheu. Tapi bisa reureuh heula unggal pengkolan tanjakan. Bari 
ngobrol atawa mere kadaharan ka baraya nu nganjrek di dinya. Enya, monyet tea. 

 

Mun ti Cimahi bade piknik ka Lembang atawa desa kembang Cihideung, ngalangkung 
jalan kolonel masturi eta, sae oge nyimpang tah ka Curug Cimahi. Gambar Curug 
Cimahi ditayangkeun di mangjamal.multiply.com

 

Wilujeng pere ahir tahun, wilujeng piknik.

 

 

Kirim email ke