di daerah bandung kaler loba tujuan wisata. tah pikeun pere minggu 
hareup, aya objek wisata alam. bisi aya nu acan ngulampreng, nu 
kamari didatangan mah curug cimahi. 
> 
>  
> 
> Curug Cimahi lebahna di lebakeun jalan antara Parongpong Cimahi. 
Nya di gawir pas tikungan jalan Kolonel Masturi di wewengkon eta aya 
jambatan, tah walungan jambatan eta nu boga curug dua tingkat 
katelah Curug Cimahi, atawa cek basa inggris mah meureun Enough 
Water Falls. Tas pengkolan aya tempat parkir, loba angkot oge 
mangkal di dinya.
> 
>  
> 
> Mayar Rp 3.000 saurang. Seubeuh tilu rebu perak oge. nenjo 
pamandangan gigireun curug. Gawir batu cadas, jeung tatangkalan hejo 
ngemploh.
> 
> Ka lokasi curug, make jalan turun lebarna sameteran nu make 
tatapakan batu.  Cenah jauha turun teh 540meter ti sisi jalan aspal 
ka tempat balong curug nu terus jadi walungan. 
> 
>  
> 
> Indit mah resep, da turun, tapi palebah naek atawa balik, beuki 
resep. Cocog pisan pikeun nguji tuur. Utamana kanu sapopoe diuk dina 
korsi roda di kantor, dijamin gempor. Heuheu. Tapi bisa reureuh 
heula unggal pengkolan tanjakan. Bari ngobrol atawa mere kadaharan 
ka baraya nu nganjrek di dinya. Enya, monyet tea. 
> 
>  
> 
> Mun ti Cimahi bade piknik ka Lembang atawa desa kembang Cihideung, 
ngalangkung jalan kolonel masturi eta, sae oge nyimpang tah ka Curug 
Cimahi. Gambar Curug Cimahi ditayangkeun di mangjamal.multiply.com
> 
>  
> 
> Wilujeng pere ahir tahun, wilujeng piknik.


Salam, 
Supados leuwih afdol, cobian disasar ti luhur keneh lur...
paling luhur pisan teh aya curug, namina curug bugbrug....kahandap 
sakeudik curug cimahi, kahandap deui sakeudik curug panganten,tah 
pang handapna engke teh bakalan mendakan curug lalay....dijamin 
afdol puas pisan mapay curug( saratus prosen tuur leuleus, kuring 
ngalaman mapay ieu curugs taun 2000 jeung balad "BUGIL" alias Budak 
Giling pabrik cet Sanlex....)


Hanuh...


Kirim email ke