hatur nuhun mang, infona edun yeuh, sakaetrang teh di bandung teh mung aya 
curug dago we t4 kapungkur 
bobogohan jeung manehna, ha haha kurang gaul yeuh abi




________________________________
From: mj <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Monday, December 22, 2008 10:20:38 AM
Subject: [Urang Sunda] piknik: curug cimahi


 
di daerah bandung kaler loba tujuan wisata. tah 
pikeun pere minggu hareup, aya objek wisata alam. bisi aya nu acan ngulampreng, 
nu kamari didatangan mah curug cimahi. 
 
Curug Cimahi lebahna di lebakeun jalan antara 
Parongpong Cimahi. Nya di gawir pas tikungan jalan Kolonel Masturi di wewengkon 
eta aya jambatan, tah walungan jambatan eta nu boga curug dua tingkat katelah 
Curug Cimahi, atawa cek basa inggris mah meureun Enough Water Falls. Tas 
pengkolan aya tempat parkir, loba angkot oge mangkal di dinya.
 
Mayar Rp 3.000 saurang. Seubeuh tilu rebu perak 
oge. nenjo pamandangan gigireun curug. Gawir batu cadas, jeung tatangkalan hejo 
ngemploh.
Ka lokasi curug, make jalan turun lebarna 
sameteran nu make tatapakan batu.  Cenah jauha turun teh 540meter ti sisi jalan 
aspal ka tempat balong curug 
nu terus jadi walungan. 
 
Indit mah resep, da turun, tapi palebah naek atawa 
balik, beuki resep. Cocog pisan pikeun nguji tuur. Utamana kanu sapopoe diuk 
dina korsi roda di kantor, dijamin gempor. Heuheu. Tapi bisa reureuh heula 
unggal pengkolan tanjakan. Bari ngobrol atawa mere kadaharan ka baraya nu 
nganjrek di dinya. Enya, monyet tea. 
 
Mun ti Cimahi bade piknik ka Lembang atawa desa 
kembang Cihideung, ngalangkung jalan kolonel masturi eta, sae oge nyimpang tah 
ka Curug Cimahi. Gambar Curug Cimahi ditayangkeun di 
mangjamal.multiply. com
 
Wilujeng pere ahir tahun, wilujeng 
piknik.
 
     


      

Kirim email ke